ngiringan mairan ach.. ngomong soal bujangga manik teh sok ingeut basa
jabung jeung Kang Mumu, Kang Agus jeung Kang Adit di SBR bogor. Ceuk
aranjeunna cenah naskah bujangga manik nu asli teh aya di laden .. Hmm
cenha eta ge teuing fotona teui aslina, tapi basa kuring mogor ka Pak
Incohi salahsawios pustakawan bogor, kuring nyaho yen Pak Inochi teh
kungsi mogaan naskah Bujangga Manik didinya kungsi di caritakuen yen
bujangga manik teh boga tugas kudu nyatet kabuyutan-kabuyutan
Pajajaran timimiti bogor nepikeun ka Brebes malihan mah Kang
Hendra,jeung reng-rengan ti UI ge kungsi ka Brebes teh malihan mah aya
foto-fotona, cag ach ..

mapag seren taun 3-4 febuari 2007
http://geocities.com/serentaunsindangbarang
http://serentaunsbr.multiply.com

Nyoreang Alam Katukang
Nyawang nu Bakal Datang
(Riungan kokolot Banten Kidul)
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Bujangga Manik nyaeta resi nu sok ngalalana ti Pakuan dina abad ka
16, sabenerna inyana ahli waris karajaan ti Karajaan Pakuan gelarna
Pangeran Jaya Pakuan.
> Ngalalana sa-pulo Jawa tug nepi ka Bali.
> Naskah asli kapanggih ku sudagar Inggris ti Newport nyaeta Andrew
James anu satuluyna dipasrahkeun ka Perpustakaan Bodleian di Oxford
Inggris, kira-kira dina taun 1626 atawa 1629.
> Ku Dr. J.Noorduyn, panaliti ti Walanda, ngaguar eusina jeung
dipublikasikeun dina bukuna (sanggeus wafat dina taun 1994,
panalungtkan Bujangga manik diteruskeun ku A.Teeuw kalawan dibantu ku
filolog Undang A Darsa) anu judulna Three Old Sundanese Poems ( Tilu
Puisi Sunda Kuna).
> 
> Tah nya ieu lalakon ngalalana Bujangga Manik sanggeus
ditransliterasi kana aksara laten :
> (kulantaran panjang, nya rek sawareh sawareh we dialungkeunana ka
Kusnet)
> 
> 
>       Saur sang mahapandita :
>       'Kumaha girita ini?
>       Mana sinarieun teuing
>       teka ceudeum ceukreum teuing?
> 5    Mo ha(n)teu nu kabé(ng)kéngan.'
>      Saur sang mahapandita:
>      'Di mana éta geusanna? 
>      Eu(n)deur nu ceurik sadalem, 
>      séok nu ceurik sajero, 
> 10  midangdam sakadatuan.
>      Mo lain di Pakancilan, 
>      tohaan eukeur nu ma(ng)kat, 
>      P(e)rebu Jaya Pakuan
>      Sauma karah sakini:
> 15  'A(m)buing tatanghi ti(ng)gal,
>      tarik-tarik dibuhaya, 
>      pawekas pajeueung beungeut,
>      kita a(m)bu deung awaking, 
>      héngan sapoé ayeuna,
> 20  aing dék leu(m)pang ka wétan'.
>      Saa(ng)geus nyaur sakitu, 
>      i(n)dit birit su(n)dah diri,
>      lugay sila su(n)dah leu(m)pang. 
>      Sadiri ti salu panti, 
> 25  saturun ti tungtung surung,
>      ulang panapak ka lemah,
>      kalangkang ngabiantara,
>      reujeung deung dayeuhanana,
>      Mukakeun / panto kowari. /Ir/
> 30   Sau(n)dur aing ti U(m)bul,
>       sadiri ti Pakancilan,
>       sadatang ka Wi(n)du Cinta, 
>       cu(n)duk aing ka Mangu(n)tur, 
>       ngalalar ka Pancawara,
> 35  ngahusir ka Lebuh Ageung,
>       na leu(m)pang saceu(n)dung kaen.
>       Séok na janma nu carek:
>       Tohaan nu dék ka mana?
>        Mana sinarieun teuing
> 40   teka leu(m)pang sosorangan?' 
>        Ditanya ha(n)teu dek nyaur. 
>        Nepi ka Pakeun Caringin,
>        ku ngaing teka kaliwat. 
>        Ngalalar ka Na(ng?)ka Anak,
> 45   datang ka Tajur Mandiri.
> 
> 
> (hanca)
>


Reply via email to