Kangge milarian pesawat adam air nu leungit, peralatan canggih tos
dipake... tapina kitu, mung tiasa ngadetek doang... teu bisa mastikeun
ieu teh bangke adam air atawa sanes...

tapi ai ku bakri mah, ukur make jaring langsung kapanggih jeung bisa
dipastikeun eta teh potongan pesawat adam air...

ironis...

Makana, sanajan pake uss saint marry ti amerika anu canggih, ai
infrasturktur informasi, pengolah informasi sareng sdm na teu mumpuni
mah asa mubazir... Ibaratna polisi dilengkapi ku alat deteksi
kecepatan mobil, tapi mun pelanggar mung diadili di jalan alias damai,
keur naon aya alat deteksi kecepatan...


heuheuheuheuheu...


Kang Ade ti warnet parapatan ciawi, bogor, nu jadi guide orang bule ka
curug cilember... mugi sehat tur kacipratan rezeki orang bule...





--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hatur nuhun Kang Faisal. Ngan kuring mah tetep bingung soal Sonar 
> bisa ngadeteksi logam teh, sabab Sonar pan ngagunakeun "gelombang" 
> sora (sound wave/ gelombang mekanik). Parameter nu bisa dideteksi 
> lamun hiji obyek narima gelombang mekanik, sigana parameter nu 
> deukeut-deukeut jeung sifat mekanik ieu, nyaeta kateuasan 
> (kekerasan) jeung kapadetan (rigiditas atawa kakompakan). Tah 
> kulantaran kitu, sonar moal bisa ngabedakeun antara batu jeung logam 
> nu sarua teuasna ...
> 
> Ieu benten jeung magnetometer nu ngukur medan magnet bumi di 
> beungeut taneuh atawa beungeut cai/laut. Medan magnet bumi geus 
> nyampak dialam, jadi benten jeung sonar, nu ngagunakeun sumber 
> gelombang sora nu dipancarkeun, terus ditengetan responsna akibat 
> dipancarkeun gelombang. Magnetometer henteu ngagunakeun sumber, tapi 
> ngamafaatkeun induksi medan magnet bumi - nu geus nyampak dialam - 
> kana hiji obyek (bade lapisan taneuh atawa artificial object). Obyek 
> anu gaduh harga "suseptibiltas magnetik" gede, bakal ngarobah harga 
> medan magnet ti sabudeureunana (anomali). Bahan anu gaduh harga 
> suseptibilitas magnetik gede, nya logam. Jadi umpama aya logam, 
> magnetometer bakal nunjukkeun harga nu gede.
> 
> Saleresna mah, "metal detector" nu sok dianggo milarian logam 
> kalebet kana maganetometer keneh. Ngan teu nunjukkeun angka, ukur 
> sora tiiit...tiiit weh, lamun ngadeukeutan logam teh. Tapi ari 
> kanggo milarian obyek nu dijero taneuh atawa di jero laut mah, kedah 
> nganggo magnetometer nu "serieus", sapertos nu disebat kang Faisal.
> 
> Leres pisan, magnetometer nu "serieus" mah, sapertos proton 
> maganetometer sering dianggo survey eksplorasi kanggo ngararampa 
> kaayaan handapeun beungeut taneuh (bawah permukaan /sub-surface). 
> Tapi sanaos kitu, dianggo milarian obyek  jijieunan jalma oge, 
> tiasa .... malah langkung presisi tinimbang "metal detektor" nu siga 
> iteuk (tongkat) geuning ....
> 
> Baktos,
> WALUYA
> 
> 
> --- In [email protected], Faisal Akbar <faisal_akbar18@> 
> wrote:
> >
> > Kang Waluya,
> > 
> > 
> > Ari magnetometer nu sering di anggo mah, langkung tepat kanggo 
> milarianDIP angle terhadap bumi. Sareng deuih eta magnetometer mah 
> kanggo ngukursareng ngetang magnetic field bumi sareng polarity. 
> Dina masalah ieu sokdijantenkeun patokan teh arah Utara bumi. Janten 
> henteu ngadetek langsungka Logam.
> > Jenis2na aya proton magnetometer, sareng K magnetometer. Duka 
> Upami ayajenis nu sanesna. 
> > Aplikasina biasa di anggo ku Pemetaan, arkeologi, nge-perkirakeun 
> gempa,explorasi minyak sareng gas jeung sajabana.
> > 
> > Sonar asal singkatan tina Sound Navigation And Ranging,ngagunakeun 
> teknik propagasi suara (sora ??). carana, dideteksi tinaperbedaan 
> propagasi nu kaetang ku alat SONAR eta. Alat teh bakalnga-bedakeun 
> sababaraha karakteritik bahan. Upami dina pengeboran biasanasok 
> diangge kanggo ngabedakeun lapisan2 bumi, engke dipetakeun 
> yendidinya aya gas atanapi Minyak. Puguhan deui didukung ku alat 
> sanes-na.Uih deiu kana SONAR, tah ku sabab tiasa ngabedakeun 
> karakteristik bahananu diantarana mah logam. Ngabaca logam teh 
> tergantung kana set sinyal nudibaca-na. Tah sinyal perlambatan teh 
> tiasa nga-ungkabkeun di-belah manaaya logam atanapi henteu.
> > Aplikasi hampir di-sadaya bidang, upami militer biasa-na 
> kanggongadeteksi posisi musuh (Tank, kapal perang atanapi kapal 
> selam kan tinulogam oge), tiasa oge ngadeteksi jenis senjata 
> pelontar jiga Rudal(biasana kapal selam)
> > Kalemahan-na dina daya jangkauan. 
> > 
> > Janten survey nu ku akang dilakukeun teh, sonar-na milarianjenis 
> benda-na sareng jarak-na (teknik-na dihitung kana perlambatan, 
> lajualat sonar, besar hambatan gelombang laut upami di laut), tapi 
> biasanamah ari jarak sok diukur tina panjang kabel. Ari 
> magnetometerna kanggonunjukeun ka posisi-na. Misalkeun jakarta 
> selatan, magnetic field-na +/-42000.
> > 
> > Sakitu nu tiasa dicarioskeun. Punten ah basa sunda-na amburadul.
> > 
> >
>


Kirim email ke