Nuhun Kang Toha ...eh ... Kang Emod, oge Bah Surtiwa. Sanes nanaon 
ngajak ngobrolkeun sonar teh, pedah we ayeuna keur rame diwartoskeun 
dina koran. Ari kuring mah, sabenerna acan pisan nyekel alat sonar 
teh, ngan ari magnetometer mah sering, tapi survey didarat, keur 
struktur geologi/ eksplorasi. Di taun 1997, kuring diajakan ku 
babaturan nu nyobat jeung urang Bule, supaya nyekel jeung 
nginterpretasikeun hasil data ti magnetometer boga urang bule eta. 
Survey ieu lain keur nempo dikajeroan, tapi nempoan dasar laut deukeut 
basisir Situbondo, bisi aya barang nu ngabahayakeun kana kapal-kapal 
nu engkena bakal asup ka kilang minyak. Baheula cenah didinya rek 
diwangun kilang minyak, tapi teu jadi (panginten Bah Surtiwa mah 
terang perkawis ieu).

Hihihihi .... dasar nu keur butuh supaya dapur ngebul, ditarima we 
pagawean teh sanajan acan boga pangalaman dilaut oge. Ripuh geuning 
dilaut mah, sanajan dideukeut basisir oge. Rada sieun, maklum teu bisa 
ngojay..hehehe, pelampung teh dipapake we, sieun tikecebur. Kakara ge 
meunang satengahna pagawean teh, dieureunkeun, nagara keuna gonjang-
ganjing krisis moneter. Atuh teu jucung pagawean teh, tapi untung 
tetep dibayar "full" .....hehehehe

Dua taun ti harita, teuing kulantaran resep ka kuring, teuing hese 
neangan jelema, eta juragan bule teh nawaran deui pagawean tapi 
pagaweanana diluar Indonesia, sarua dilaut, dititah ngilu kana kapal 
survey nu keur survey kabel serat optik ti Hongkong tepi ka Korea 
selatan. Dititah ngurus paspor, nya digugu. Dititah ngilu 
kursus "safety" dilaut, ngahuleng, komo indungna barudak mah, kalahka 
ngomong, nanaonan nyusah-nyusah maneh, inget umur teh geus kolot, boga 
darah tinggi deuih. Pan didieu ge masih bisa hirup, teu susah-susah 
teuing.

Dasar mental goreng, nurut we ka pamajikan teh, kuring teu jadi indit, 
tapi kulantaran "era" kunu nitah, ngadigdig ka urut sakola baheula, 
nempungan babaturan nu jadi guru didinya, sugan aya nu kakara lulus. 
Kabeneran aya, jeung daekeun digawe dilaut.  Nya ku kuring teh dibere 
surat, dijurungkeun ka jakarta nepungan nu nitah. Tah jadina 
teh "budak" eta ....nu angkleung2an dilaut. Ti harita kuring ngan 
papanggih sakali jeung manehna waktu libur, manehna ngahaja nepungan. 

"Kumaha dilaut teh?", ceuk kuring teh. 

"Dua minggu mah, utah uger Pak, mabok , ngajoprak we, baroraah 
didamel", pokna teh", "tapi lila-lila mah biasa...." 
 

Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Bah Willy, bade ngiring mairan
> 
> Leres Bah Wlly, SONAR tiasa ngadeteksi obyek dina /
> dijero cai, oge tiasa ngukur jarak.
> 


Kirim email ke