--- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Leres..surpey ngagunakeun alat magnetometer teh namina
> Gravity Survey..Ayeuna tos tiasa ti awang2/udara. Eta
> alat versi canggih teh ditalian kana kapal
> udara..teras digigiwing diluhureun daerah anu di
> surpey...nurutkeun garis2 lintasan anu parantos
> ditangtukeun. Eta kilang anu bade dibangun di sekitar
> situbondo teh leres dizaman Orla..monopli KKN..gegeden
> tea.........

Leres Bah Surtiwa, rencana kilang minyak di sabudeureun SItubondo 
teh gaduhna pausahaan nu lambangna "B" ...hehehehe. Harita ge kuring 
dibere "kartu nama", make lambang "B" eta, sanajan kuring tanaga 
saproyekeun oge. Ku babaturan digeuhgeuykeun :"lain maneh teh di 
black-list ku nu boga Indonesia, ari ayeuna mamake kartu nama nu 
make lambang pausahaan anakna?"

"Hih", ceuk kuring teh, "Ieu mah pagawean profesional lain pulitik, 
kuring mah nurutan para suhu we di almamater, nu padamelan 
sampinganana di pausahaan anak Babeh ...hehehehe"

Bah, leres pisan surpey gaya-berat sareng magnet aya nu nganggo 
kapal hiber ( Airborne gravity survey sareng airborne magnetic 
survey). Biasana surpey kanggo minyak bumi atanapi struktur geologi 
nu jero pisan. Tapi upami kanggo nu deet mah angger we kedah dina 
beungeut taneuh/laut, sapertos milarian bijih beusi, emas sareng 
bahan tambang sanesna. 

Bahan tambang nu rame dipilarian jeung diarala teh ayeuna 
mah ....keusik beusi nu seueur di basisir kidul. Duka keur naon eta 
teh, da cenah diekspor ka Cina. Ceuk beja mah keusik beusi di 
basisir kidul teh ngandung titanium, hiji logam nu biasa digunakeun 
keur kapal-kapal luar angkasa. Lamun enya teh leres kitu .....beu, 
urang mah ngan bisa ngala jeung ngajual keusikna wungkul ....

Baktos,
WALUYA



 








  

Kirim email ke