Sapuk sakumaha ceuk Mj. nyebut "acan" teh pamalesan tina ngucapkeun anu
lengkepna: "henteu acan". Mungkin aya pananya saterusna, ari kecap "acan"
naon harti anu sabenerna? Naha sarua jeung "breng" nepi ka "teu acan" sarua
jeung "teu breng"? Atawa kecap "acan" sarua jeung "dikawitan", nepi ka "teu
acan" sarua jeung "teu dikawitan"?

Atawa, kecap "acan" kaasup kelompok kecap basa Sunda anu dipakena ukur dina
wangun negatifna wae, sapeti "kaop", "kaopan"? Apan mindeng aya
kalimah:"Maneh mah teu kaopan pisan, meus-meus bebeja ka indung", jst.
Tapi, tara kacaritakeun aya ebrehan kalimah:"Maneh mah kaopan pisan euy..."
jst. Contoh kalimah sejen anu digunakeunana ukur dina wangun negatifna (make
kecap "teu" atawa "henteu" dihareupeunana) : payaan, ngabibisani, nolih,
mungguhan, antaparah, jst.

Conto-conto:

1) "Teu payaan pisan euy, karek sakitu wae geus ceurik" Sabalikna tara aya
kalimah: "Payaan pisan euy...jst"
2) "Kuring mah teu ngabibisani, da memang eta teh pagawean hese", Tara aya:
"Ngabibisani....jst"
3) "Teu nolih saha anu disanghareupan, kedewek wae....". Tara aya: "Nolih
....jst"
4) "Teu mungguhan eung, boa teuing anu baramaen teh sagala aya diimahna
mah". Tara kacaritakeun: "Mungguhan eung ...."
5) "teu antaparah deui, habek wae anu nubruk manehna teh digebugan". Tara
kapanggih: "Antaparah...jst".

Soal anu kadua mah gampang:

maju ka hareup
mundur ka tukang
asup ka jero
ka luar? bisa kaluar imah, kaluar masjid, kaluar rohangan, nepi ka kaluar ti
pagawean....:)

baktosna,
manAR
On 1/25/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Alusna mah sae, eh, saena mah ulah waka kecap potonganana, tapi lengkepna.

Acan pondokna ti teu acan
Teu =henteu
Belum = Henteu acan

--------
pamajikan (lain US, keur diajar) nanya, tapi jawabanana kuring sorangan
teu
yakin.
kieu yeuh:

acan = belum
teu = tidak
naha:
teu acan = belum?

ceuk kuring: eta teh "bahasa penekanan",
contona model kieu:
-maju ke depan
-mundur ke belakang
-masuk ke dalam
-keluar...

enya kitu? asa teu nyararambung

///iwan

Komunitas Urang Sunda --> 
http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>

Yahoo! Groups Links



Reply via email to