mobil jeung kebon binatang

di pangulinan boga asisten. istri (geulis pasti, tapi geus aya nu boga,
geus rimbitan, jadi ulah nyangka rek salingkuh nya). sapopoe di kelas mah
nya biasa we standar.

hiji mangsa nebeng balik. da eta mah di jalan, kebon binatang kalaluar.
unggal aya nu nilep, atawa motor (utamana) nu nyusul terus ngepot, beu,
asli nu ngarendong di kebon binatang diabsen hiji2. manehna eraeun, menta
hampura, cenah kalakuan manehna kitu mun di jalan. abong istri meureun,
kagetan atawa loba kapaur nu dicacapkeun ku ngabsen pangeusi bonbin.

teu boga SIM

keur smp duka sma, keur ngebut boncengan jeung sobat dina motor asal
jalan. ditilang pulisi. teu boga sim. ceuk pulisi teh, "ari teu boga sim
mah atuh ulah di jalan, di buruan imah we, atawa di ditu tuh, di kebon
kukurilingan!"

haha. aya oge pulisi nu lutju.


mj

http://geocities.com/mangjamal



Kirim email ke