Miceun kutil kumaha carana? Inget baheula keur sma kitu boga kutil. Aya anu
mapatahan cara miceunna. Talian ku injuk cenah lebah puhuna sing tarik siga
rek disapatkeun. Tungguan sapoe sapeuting mah. Tah geus sapoe dua poe,
sintreuk wae cenah kutil teh, moal burung molonyon, locot alias udar
sorangan. Nya panasaran, dicobaan wae ata cara metik kutil teh.
Alhamdulillah hasil. Kutil locot ku soranganana kalawan teu nyeri jeung teu
getihan.

Tangtu wae anu di luhur mah lain advis dokter. Oge teu disarankeun pikeun
dipraktekkeun ku saha wae oge. Ngan, lamun keukeuh arek nyobaan, nya
meunang, tapi aya syaratna. Srayatna teh eta panangan kudu beresih oge
injukna (steril). Cara mersihan injuk: injuk anu tos meunang milih, upamana
tina sapu injuk bagian puhuna, keueuman ku alkohol aya jam-jaman mah, nembe
digunakeun. Ribet nya? Muhun matak teu dianjurkeun oge. Mendingan ka dokter
kulit:)

manAR


On 1/30/07, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  ceuk kolot mah opak jeung simeut... najan pikaboseneun :D

kang ndeoll bejakeun ka neng geulis keun wae kitu kutilan ge sok matak
nambah nyari! jika lidya kandow, ita purnama sari mun nu entragan anyar mah
meureun jiga reva s temat mun henteu nya jiga si eneng kabogohna si agus
lah... haha

dh

On 1/30/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Kamari, ceting jeung salah sahiji wanoja, sami urang Kusnet oge.
> ngabahas ngeunaan kutil..
>
> bisi baraya aya anu apal cara ngubaran kutil
> diantos..
>
> ,___
>



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:



Kirim email ke