Ancol eta teh leres basa Sunda, kapendak dina kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg 
anu hartosna : "a promontory, a headland, a projection into teh sea" nya 
panginten upami disundakeun mah tey benten sareng jojontor. di Bandung ge aya 
nu disebat ancol, kapan di Bandung mah teu aya laut, tapi tong hilap Bandung 
kapungkurna talaga, tangtos aya jojontorna.
Kecap sanes anu aya dina kamus Jonathan Rigg nyaeta kecap nambo (Cinambo) 
hartosna : " teh old course of river now deserted; the former bed of a river", 
nya kinten-kinten hartosna walungan nu tos paeh.
Kecap ancol sareng nambo dina kamus Sunda ayeuna mah teu aya, dina Kamus 
Danadibrata ancol hartosna tanjung mung diembel-embel basa Jakarta, kecap nambo 
dina kamus ieu ge teu aya.

MSasmita
  ----- Original Message ----- 
  From: oman abdurahman 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, January 30, 2007 4:00 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Sajarah Jakarta ---> Kang Asep & Ald


  Nambihan,

  Muara Angke...mungkin asalna tina "Muhara Bangke", basa Sunda keneh.
  Pesing....naha tina "peusing"?
  Ancol....tina "ancul" (ancul-anculan)?
  CIliwung-->liwung-->ngahaliwung

  manAR

   

Kirim email ke