Eta anu dicatet ti taun 1960 dugi ka taun 1974 ( taun 1960 mung aya 1, taun 
1974 mung aya 2), janten periodena dina eta catetan mung ti taun 1960-1974.
Sedengkeun sastra Sunda tos aya ti 1860an nu munggaran Wawacan Panji Wulung 
kenging H.Muhamad Musa.
Nu aya dina eta catetan seuseueurna roman pop ( dugi ka ayeuna katingalna teu 
acan aya nu nalungtik kumaha pangaruhna kana kamekaran basa Sunda padahal 
waktos taun 1970an kacida kawentarna dongeng enteng pasosore dina radio, nu 
seuseueurna nyandak tina roman pop sapertos kitu),mung eta catetan teu sadayana 
anu janten sabiwir hiji mangsa harita sapertos Neng Elah teu kasebat, kitu deui 
Sirod Jelema Gaib.
Pangarang moyan sanesna teu kasebat sapertos Moh Ambri, Olla S Sumarnaputra, SA 
Hikmat, Candrahayat, Aam Amilia, Abdulah Mustafa, Usep Romli HM, Iskandar 
wasid, GS, Yuhana, RAFsjte, komo pangarang entragan ayeuna mah teu aya deui bae.
Eta mah katingalna mung catetan pangarang Sunda nu aya di inyana, mung anu 
salut eta buku tos teu aya dipasaran, mun mendak ge sok tara lengkep bari 
parantos butut, sedengkeun inyana aya di Malaysia.
Paingan atuh paingan mun hoyong diajar Sunda, ayeuna kiblatna teu kedah ka 
Walanda tapi cekap ka Malaysia, eta teh sok aya dina paguneman para pangarang 
Sunda.

Nuhun kang Dudi, tos masihan alamat web-na, janten referensi kanggo abdi.
Insya Alloh engke kaping 21 Pebruari 2007 bade ngayakeun pameran buku Sunda, 
dina acara mieling poe basa indung, tempatna di Aula Unpad Dipati Ukur, mangga 
didongdon da terbuka kanggo umum.

MSasmita
  ----- Original Message ----- 
  From: Dudi Herlianto 
  To: Kusnet 
  Sent: Wednesday, January 31, 2007 3:07 PM
  Subject: [Urang Sunda] daptar koleksi sastera sunda


  teu kahaja, manggihan daptar ieu ti 
http://pkukmweb.ukm.my/~patma/HOMEPAGEBARU/SENARAI%20KOLEKSI%20SASTERA%20SUNDA.doc..
 geuning dina daptar eta mah sastra sunda teh ngan ukur 275 judul... 

  dh
  -- 
  ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
  :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:  

Kirim email ke