Tuh hiji deui gening US anu pantes dipakareueus teh. Sabenerna mah rea lah US anu pinunjul teh, tapi nyaeta atuh kirang promosina. Sok geura atuh urang silih promosikeun . Urang silih dukung, silih asah silih asih silih asuh tea gening. Sok kang Iwan der ah geura padungdung dina widang anu kang Iwan kuasai di Indonesia. Leres pisan di Indonesia teh seueur anu meryogikeun Hovercraft. Angot kanggo ka pedalaman Kalimantan, Irian Jaya , dalah Sumatera oge. pan seueur pisan daerah rawa rawa di sabudeureun basisir nagri urang mah. Padahal di daerah rawa rawa eta potensi minyak oge masih seueur keneh . Upami atos ngadamel hovercraft anu seueur, tiasa di tatawiskeun ka indrustri perminyakan, sapertos, Chevron, Total, Pertamina, Conocophillips jrrd. Teu kedah diical ge teu nanaon. Disewakeun we lah ka parusahaan samodel kitu mah.Pasti kahartos Sabaraha tah pangaos hiji hovercraft teh kang, hijina ?. Duh kawas anu bade meser wae. Ih atuh ieu mah hoyong terang we pangaosna. Ke bisi aya anu naroskeun , pan sim kuring tiasa ngajawab.Sim kuring sanggem janten tenaga freelance kanggo ngapromosikeun ka parusahaan minyak lah. Insya Allah Der kang lah, seueuran ngadamelna, pan ayeuna ge usum banjir dimana mana. Pasti lah laku engkena mah. Wilujeng medar pangalaman sanesna di kusnet nya kang. Wassalam Dudi Asgar nu keur bubuara di tatar Sudan "Iwan H. Suriadikusumah" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Para Wargi Kusnet sadaya, Sampurasun. Mugi kersa ngahapunten. Sababaraha kali ngirim posting, nembe ayeuna maca aturan maen jadi anggota Kusnet. Padahal ngiringan di dieu teh tos mangtaun-taun. Mung biasana mah pasip bae, ukur ngiring maca sareng seuri kayungyun ku heureuyna Urang Sunda.. Ngaran kuring Iwan H. Suriadikusumah. Kokocoran ti aki palih pun bapa mah ti Sumedang. Dupi pun nini asli Palembang. Ti palih ibu rada tebih asal muasalna. Internasional we pokona mah! Namung ari lahir tur sakola mah dugi keun lulus SMAna di Bandung. Pagawean rada jarambah. Kangtos ngumbara di Ustrali, Singapur tur lima taun dugi keun ka taun 2004 di Korea, sanaos rada sering pulang anting wangsul ka Pamulang. Sasatna unggal sasih mulang ngalongokan pun bojo sareng barudak anu teu puruneun ngariring ngumbara janten TKI di Korea. . Dua taun ieu nyobi-nyobi mitembeyan hoyong ancrub ngawangun industri di lemah cai. Kabita ku keyeng tur heuras kahayangna urang Korea. Padahal Korea teh nagara nu miskin tanah tur sumberdaya alam. Tapi Angkatan Laut urang mesen kapal ge ka ditu. Padahal upami teu lepat mah, taun 70an teh Korea teu acan boga galangan kapal, ari di urang, galangan kapal mangpirang-pirang. PT DOK Surabaya wae didirikeun teh taun 1910! Piraku teu acan tiasa dipercanten ngadamel kapal keur kaperluan nagara sorangan? Nya ku kituna niat ingsun ngabuktoskeun, yen bangsa urang ge teu eleh ku bangsa deungeun. Kaleresan dipercanten ngabangun HOVERCRAFT, asli buatan putra-putra Indonesia, desain sareng modal Indonesia. Masing nembe dua taun ngawitan, alhamdulillah tos hasil mroduksi lima unit nu ayeuna dianggo ku TNI Angkatan Laut. Tebih keneh tina impenan hoyong tiasa ngunggulan produk mancanagara mah, tapi alhamdulillah da henteu pegat harepan. Tur dukungan mah sanis kanten ti mana ti mendi mah aya wae, masing nu janten panghalang ge teu kirang-kirang. Sakieu heula kanggo nepangkeun. Sugan sangkan miara obor manjangkeun baraya, upami aya kalepatan dina basa kalayan tulisan mugi ulah janten regat manah, mugi kersa ngahapunten. Nyanggakeun, pun Iwan.
--------------------------------- Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta.