Leres pisan upami dicukcruk dugi ka dinya mah, asa pamohalan Sangkuriang nya kitu deui Dayang Sumbi gaduh katurunan. Janten upami aya seler sanes nyebat urang Sunda katurunan ..... eta mah kapangaruhan ku sentimen seler, kalayan teu terang sareng teu ngajujut jalanna eta carios/sasakala. ssw
mh [EMAIL PROTECTED] kang engkus, bah siddik, aya kapanasaran sakedik yeuh. sainget kuring dina carita legenda sangkuriang asa teu aya fragmen nu bisa ditarik jadi kasimpulan yen urang sunda turunan sangkuring kitu deui dayang sumbi. nu katoong ku kuring mah, eksistensi dayang sumbi jeung sangkuriang teh ukur jadi bagian tina komunitas nu leuwih gede. ngan saukur jadi warga, salaku pribadi, teu kapanggih jadi tuturus atawa karuhun nu nurunkeun anak incu. apan sangkuriang jeung dayang sumbi teh teu pernah jadi kawinna oge.asa teu kungsi manggih yen dayang sumbi laki rabi satutasna bolay kawin ka sangkuriang. pon kitu deui asa teu kakocapkeun sangkuriang ngadahup ka wanoja sejen, terus baranahan boga turunan. kukituna, narik kasimpulan yen urang sunda turunan anjing jeung babi, nu dipakaitkeun jeung legenda sangkuring, ceuk kuring mah estu logika pabaliut. teu aya dasar logisna. salam, mh On 2/20/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Hatur nuhun kana pedaranana.., nambihan wawasan sareng pangweruh dina elmu ka Sundaan. Leres teu nambut cepil, kantos aya urang wetan anu nyarios : yen urang Sunda turunan anjing, tangtos eta sesebatan/pamoyok dumasar kana carios/sasakala Sangkuriang. Sateu acanna sim abdi tiasa janten lepat mesek eta eusi tutungkusan carios/legenda/ sasakala "Sangkuriang". Dina eta carios aya dua nami sato anu disebat-sebat, sajabina ti anjing si "Tumang", aya deui sato, nya eta bagong (babi leuweung). Manawi teu lepat ngawitanana ; Aya hiji raja di karajaan .... (hilap deui), katelah Prabu ...(ieu oge hilap), hiji mangsa dina usum katiga eta raja angkat moro, saparantos ampir satengah dinten moro, eta raja hoyong kahampangan, kumargi ngaraos dileuweung, nya kahampangan we dina rungkun, teu terangeun yen eta cai kahampangan katandean ku daun kajar-kajar (sapertos taleus). Saparantos eta raja sareng rombongan pangawalna ninggalkeun eta tempat, lar aya hiji bagong bikang hanaang, teu antaparah deui eta cai kahampangan raja dina daun kajar-kajar teh regot we diuyup ku bagong bikang dugi seep. Heuleut sawatara sasih ti harita, eta raja moro deui, barang dugi katempat kahampangan eta raja nguping aya orok ceurik, barang disampeurkeun katinggal aya orok awewe, teuing ku lucu sareng geulisna, enggal carios eta orok dicandak ka karaton teras dirorok. saparantos ageung eta murangkalih dipasihan nami Dayang Sumbi. Hilap deui alatanana, saparantos rumaja putri etu putri ditundung tikaraton dipiceun kaleuweung siawat-awat, teu kenging aya nau maturan sajabina si "Tumang". Saterasna mah sami sapertos anu dipedar kusalira. Ku luhung-luhungna sareng lemes-lemesna para bujangga jaman kapungkur, sok aya bagian dina carios anu disandikeun (didingding kelir henteu ditembrakkeun sacerelewena), hal sapertos kitu sanes bae di urang (di Sunda), di wetan (Jawa), China oge Korea. Dina bagian sasakala anu dicarioskeun diluhur, aya tilu perkawis anu disandikeun ; 1. Istri urang lembur (leuweung) anu disandikeun ku ; bagong bikang. 2. Pangawal anu satia anu disandikeun ku ; anjing/si "Tumang" 3. Raja katarik birahi anu disandikeun ku ; raja hoyong kahampangan (punten...). Sakitu, punten upami sim abdi lepat. Pihatur ssw Recent Activity 8 New Members 2 New Photos Visit Your Group SPONSORED LINKS Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture Search Ads Get new customers. List your web site in Yahoo! Search. Yahoo! Mail Get it all! With the all-new Yahoo! Mail Beta Y! Messenger Talk it up - free! Call your friends worldwide - free! . http://cikundul3.multiply.com Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda