dina tipi sababaraha waktu ka tukang sok aya iklan/kampanyeu ramah lingkungan, di antarana kartun nu ngagambarkeun paripolah nu mawa mobil pas kapegat lampu beureum. Mun teu dipareuman matak ambek nyedek, tanaga midek, langit mulek. Mun milih dipareuman, manuk ge tingcaruit nyalampeurkeun.
Ceuk cenah, jelema mah sok kudu bae digeuing. Lamun panggeuingna teu robah2, angger, biasana lila2 sok kapopohokeun, don waro, jadi talobeh. tah, sakali-kali mah kudu bae digebrag, ngarah inget deui kana panggeuing tea. On 3/8/07, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Di Jakarta, lampu merah duka teuing aya sabaraha rebu unit. lamun kabeneran lampuna hurung beureum, kabeh kendaraan kudu eureun. tapi, ampir kabeh mesinna tetep hurung. Aya teu nya anu iseng meng-kalkulasi: - lampu merah rata-rata hurungna 1-2 menit. - hiji motor 100 cc, lamun cicing tapi mesin hurung, dina samenit meakeun 1/sekian liter bensin. - di jakarta hungkul aya sabaraha juta motor 100cc ? - pisabaraha litereun bensin bakal beak, sakali lampu merah.

