aleut-aleutan harlih kamari,
mun seug uing kadaftarna nomer ramo, pasti tukangeun pisan bang yos!!
 

-----Original Message-----
From: Asep Hadiyana [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, March 09, 2007 5:14 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Efisiensi atuh tolol !



Sumuhun nembe kaemut, ari accu mah pan ngamanfaatkeun enerji mekanis (gesekan)  
kanggo "charging" kalangsungan reaksi kimiana. Mung upami ditingali tina hukum 
"kekekalan enerji", enerji henteu tiasa diciptakeun ngan tiasa robih 
wangunannana. Tah wangunan enerji mekanis eta pan kawitna tina wangunan enerji 
potensial (enerji kimia) bensin. Memang sih enerji cahaya lampu henteu karaos 
boros ku pengemudi motor kumargi enerjina henteu langsung dirobih tina bensin 
janten cahaya lampu tapi tina sesa enerji gerak (mekanik) motor. Sanaos alit, 
upami diitung-itung pasti aya hubungannana sareng konsumsi bensin.

Sanaos kitu, hatur nuhun kanggo penjelasan "cara kerja" accu motorna ti ayi 
surtiwa.

Wassalam,
Asep


surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 


Naha ngahurungkeun lampu motor boros luar biasa ?
Lamun PLN mah leres da kedah mayar. Tah ieu anu kirang
jelas mekanismenaaaah mitos.....makana seur motor
wengi2 oge tara ngahurung keun lampu ! Malah
bahaya..katabrak (moal nabrak mah da awas panon).
Kunaon teu ngirit ? 

laqmpu dihurungkeun ku Aki..Aki dieusian ku
dinamo..janten aya wae kasaimbangan..lamun Aki dianggo
eta elektrolitna janten aktif . lamun langka
ngahurungkeun lampu...aki teh outputna sakedik
pisan...dieusi oge sakedik...langkung seur reaksi
kimia anu ngagerus elektrodana.. kulantaran tara
dinggao kangge kaperluan arus kuta (lampu
utamina)..proses "reverse' (pangisiannana janten
kirang...akibatna...Aki pendek umur.....

lamun motor ngango sisti langsung ti
dinamo...komo..teu aya pangiritan...asal dinamo
jalan..nya listrik aya...lamun teu dianggoo oge dinamo
muter terus...hartosna aya wae gesekan antawis sikat
sareng rotorna'''kaausan tetp..tapi listrik hasilna
teu dipake......

Kieu yeuh;
--- Asep Hadiyana < [EMAIL PROTECTED] <mailto:aschevetea%40yahoo.com> com> 
wrote:

> Panuju kang,
> 
> Nambihan:
> 
> Ceuk anu hayang salamet: "siap-siap euy lamun aya
> kapak merah tinggal nabrak atawa tinggal mundur"
> 
> Janten wajar lamun aya tawis-tawisan (basa legegna
> mah trade off) antara kanyamanan (naon basa Sundana,
> nya?), kaamanan, jrrd sareng penghematan bahan
> bakar.
> 
> Trade off ilahar dimana-mana; cobi tingali pengemudi
> di nagara-nagara sanes! Sami.
> 
> Mung aya trade off antawis kasalametan sareng
> penghematan anu waragad na awis teuing, contona
> kawijakan Pemda DKI anu ngawajibkeun motor
> ngahurungkeun lampuna dina waktos siang. Boros luar
> biasa! Upami kawijakan sarupi diterapkeun di
> nagara-nagara caket kutub mah relevan kumargi siang
> oge (husuna waktos musim dingin) rada angkeub, tapi
> upami diterapkeun di Jakarta anu waktos siangna
> caang padang narawangan, asa kabina-bina teuing.
> 
> Salam,
> Asep
> 
> 
> 
> Iwan < [EMAIL PROTECTED] <mailto:iwan%40sipjg.com> > wrote: 
> 
> Ceuk Nu Make AC (mobilna sae): "Panas euy lamun
> mesin mobil kudu dipaehan"
> Ceuk Nu Teu Make AC (Mobilna kirang sae): "Puguh
> hese starter.. der mesin dipaehan!"
> Ceuk Nu Motorna Alus: "Motor uing mah irit pisan,
> moal beak 1cc nungguan lampu hejo"
> Ceuk Nu Motorna Rada Goreng: "Puguh pas distarter
> teh gas kudu digedekeun, malah leuwih boros, barina
> oge hoream kudu ngengkol"
> Ceuk Nu Motorna Goreng: "Ngke lamung lampu hejo nu
> rek ngadorong motor uing saha?"
> Ceuk nu gumasep: "Ieu teh kenalpot weuteuh, impor,
> geura dangukeun.."
> 
> Ceuk Amerika:
> "Good.. Good.. Good.. You're such a good oil
> customer of OUR oil company.. keep up the good
> work!"
> 
> iwan
> ukurbisapipilueun
> 
> 
> ----- Original Message ----- From: kumincir 
> To: [EMAIL PROTECTED] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> ups.com 
> Sent: Thursday, March 08, 2007 2:51 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Efisiensi atuh tolol !
> 
> 
> 
> dina tipi sababaraha waktu ka tukang sok aya
> iklan/kampanyeu ramah lingkungan, di antarana
> kartun nu ngagambarkeun paripolah nu mawa mobil pas
> kapegat lampu beureum. Mun teu dipareuman matak
> ambek nyedek, tanaga midek, langit mulek. Mun milih
> dipareuman, manuk ge tingcaruit nyalampeurkeun.
> 
> Ceuk cenah, jelema mah sok kudu bae digeuing. Lamun 
> panggeuingna teu robah2, angger, biasana lila2 sok
> kapopohokeun, don waro, jadi talobeh. tah,
> sakali-kali mah kudu bae digebrag, ngarah inget deui
> kana panggeuing tea.
> 
> On 3/8/07, irpan rispandi < mr.rispandi@ <mailto:mr.rispandi%40gmail.com> 
> gmail.com>
> wrote: Di Jakarta, lampu merah duka
> teuing aya sabaraha rebu unit. lamun kabeneran 
> lampuna hurung beureum, kabeh kendaraan kudu eureun.
> tapi, ampir kabeh mesinna tetep hurung.
> 
> Aya teu nya anu iseng meng-kalkulasi: 
> - lampu merah rata-rata hurungna 1-2 menit.
> - hiji motor 100 cc, lamun cicing tapi mesin 
> hurung, dina samenit meakeun 1/sekian liter bensin.
> - di jakarta hungkul aya sabaraha juta motor
> 100cc ? 
> - pisabaraha litereun bensin bakal beak, sakali
> lampu merah. 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Don't pick lemons.
> See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.

__________________________________________________________
Need Mail bonding?
Go to the Yahoo! Mail Q&A for great tips from Yahoo! Answers users.
http://answers. <http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396546091> 
yahoo.com/dir/?link=list&sid=396546091





  _____  

Expecting? Get great news right away with email  
<http://us.rd.yahoo.com/evt=49982/*http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_tools.html>
 Auto-Check.
Try the Yahoo!  
<http://us.rd.yahoo.com/evt=49982/*http://advision.webevents.yahoo.com/mailbeta/newmail_tools.html>
 Mail Beta. 



 

Kirim email ke