kenging nomer sabaraha kitu?
Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: aleut-aleutan harlih kamari,
mun seug uing kadaftarna nomer ramo, pasti tukangeun pisan bang yos!!
-----Original Message-----
From: Asep Hadiyana [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, March 09, 2007 5:14 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Efisiensi atuh tolol !
Sumuhun nembe kaemut, ari accu mah pan ngamanfaatkeun enerji mekanis
(gesekan) kanggo "charging" kalangsungan reaksi kimiana. Mung upami ditingali
tina hukum "kekekalan enerji", enerji henteu tiasa diciptakeun ngan tiasa robih
wangunannana. Tah wangunan enerji mekanis eta pan kawitna tina wangunan enerji
potensial (enerji kimia) bensin. Memang sih enerji cahaya lampu henteu karaos
boros ku pengemudi motor kumargi enerjina henteu langsung dirobih tina bensin
janten cahaya lampu tapi tina sesa enerji gerak (mekanik) motor. Sanaos alit,
upami diitung-itung pasti aya hubungannana sareng konsumsi bensin.
Sanaos kitu, hatur nuhun kanggo penjelasan "cara kerja" accu motorna ti ayi
surtiwa.
Wassalam,
Asep