Sim kuring nambihan yeuh.
Gera perah itu sapi teh jang! à perah = peres
Peurah oray bisa mateni manusa. à peurah = racun
Mangga lebet ka bumi ulah isin-isin! à lebet = masuk (bhs. Indonesia)
Tangkal arumanis kang Juliadi meni leubeut ku buah. à leubeut = lebat (bhs.
Indonesia)
Budak teh meni hideng nyuguhan cai ka tamu indungna. à hideng = tidak usah
disuruh
Kulit urang Afrika lolobana boga warna hideung. à hideung = hitam (bhs.
Indonesia)
Bima ngabekahkeun dada Dursasan. à bekah = beulah
Kembang di pakarangan geus mimiti beukah. à beukah = mekar, berkembang (bhs.
Indonesia)
Salam,
Asep
netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
urang Latihan ngabentenkeun e sareng eu...
1. Yan, beunang teu kuring make benang warna hejo???
2. Di belah mana, si Aki ngabeulah kalapa teh Nin?
cobi aya nu nambihan deui....
--- Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Punten atuh urang lereskeun, aya sababaraha kalimat
> anu lepat nyeratna ;
> leupat -- kedahna ==> lepat
> dipangameungan -- kedahna ==> dipangamengan --
> kecap asalna : ameng
> padameulan -- kedahna ==> padamelan -- kecap
> asalna : damel
> ceunah -- kedahna ==> cenah
> cakeut -- kedahna ==> caket
> leupat -- kedahna ==> lepat
> janten -- kedahna ==> janten
> dileureuskeun -- kedahna ==> dilereskeun -- kecap
> asalna : leres
>
> Pihatur,
> ssw
>
>
> "k.putra" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> kiwari, basa sunda nu nyata-nyata basa
> karuhun urang sunda, tos
> langki digunakeun. tong boro di kota-kota ageung
> sapertos bogor
> atanapi bandung. di cianjur wae ge, sok rada sesah
> milarian anu masih
> keneh leres-leres nganggo basa sunda. utamina mah
> panginten
> murangkalih sakola. nu seuseueurna tos langkung
> resep ngangge basa
> indonesia kangge basa panganteur sadidinten.
>
> pami di sakola hungkul mah teu nanaon eta oge, da
> kurikulum
> pangajaran di urang nganggena basa indonesia. mung,
> pami di luar
> sakola mah cik atuh ngangge basa sunda. da urang teh
> aya di ligkungan
> urang sunda. ari sanes ku urang sunda nyalira mah,
> ku saha deui atuh
> basa sunda teh bakal dianggo. piraku ku bule ti
> amerika mah.
>
> da kumaha atuh, di bumi na oge ku rama sareng ibu na
> teu dibiasakeun
> nyarios basa sunda. ceunah pami murangkalih nyarios
> basa indonesia
> teh gaya. naha ari nyarios basa sunda teu gaya kitu,
> da gaya atuh.
> padahal mah eta teh sami sareng maehan budaya
> sorangan. enya teu ?
>
> sok sirik da abdi mah. bareto, nuju kuliah di bogor
> rerencangan
> cakeut abdi sadayana urang batak. jigana teh, pami
> urang batak pendak
> sareng urang batak pasti weh ngangge na basa batak.
> naha ari abdi,
> sok asa ku sesah teh milarian rencang nyarios sunda.
> padahal mah pami
> teu leupat, insyaallah deuih moal leupat bogor teh
> masih keneh
> lingkungan sunda.
>
> alesanna teh da basa sunda nu tiasana mung basa
> sunda kasar. atuh
> keun wae. sugan engke mah tiasa janten lemes. ulah
> ieu mah malah
> dipopoheukeun.
>
> sok ah, ti ayeuna mah urang biasakeun nyarios basa
> sunda. minimal di
> lingkungan kulawargi heula, teras dipangameungan,
> atuh sugan engke
> mah di padameulan. pan ceunah inohong na jawa barat
> teh gaduh
> program, yen basa sunda hoyong dijantenkeun basa
> nasional kadua
> saatos basa indonesia. ari tara dianggo mah
> pamohalan janteun kadua.
>
> sakali deui urang sunda nyarios sunda.
>
> catetan
> hoyong dileureuskeun ah ku pamiarsa sadayana. upami
> ieu tulisan teh
> aya kalepatan.
>
>
>
>