Salian kecap-kecap anu benten, katingalina aya kecap-kacap anu ampir sami 
antwis basa Malaysia sareng basa sunda the, nya? Salian ti kecap-kecap sekejap 
– sakedap, sukan (bermain olah raga) sareng sukan-sukan (ulin senang-senang) 
anu ampir sami ucapannana sareng hartosna, nembe kaemut aya kecap salesa 
(santai) dina bahasa Malaysia anu ampir sami sorana & hartosna sareng kecap 
salse dina basa sunda. Upami leukeun di pilarian mah, jigana langkung seueur 
kapendak kecap-kecap anu ampir sami sora sareng hartosna.
   
  Pun Asep
  

Reka Gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Seueur kang... seueur pembendaharaan kata anu benten. 
contona:
Sukan= Olahraga
Sekejap= sakedap
Sudu= sendok
kereta= mobil
selipar= sendal
seluar= calana
seronok= rame 
senang= gampang/ mudah
 belanja= nraktir
beli belah= balanja/ shopping
jeung rea- rea deui... 
trus kadang2 struktur bahasa oge benten,,, janten rada lieur,,, abdi tos 1,5 
taun didieu,,, masih keneh lieur nyarios bahasa melayu... seueur keneh anu teu 
acan kahartos. Tambih di sakolaan mah nganggo Bahasa Inggris,,, janten jarang 
pisan nganggo bahasa melayu,,,  

Eh, asana mah aya Aki Tatang sareng Mang Hasan oge Kang Malky anu tos langkung 
lami di Malaysia,,, bilih bade nambihan??? jigana mah anjeunna mah tos faseh 
bahasa melayu... 

Cag ah

-Bohay-


 

On 19/03/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                           
         Kahatur kang Bohay,

Badé tumaros, upami perbendaharaan kata di Malaysia, seueur anu mirip henteu 
sareng kecap-kecap di basa Sunda?

Upami henteu lepat, sataun atanapi 2 taun kapengker dina salah sawios billboard 
di KL atanapi di pulai Penang (hilap deui) aya kecap sukan dina tulisan "pekan 
sukan ….." naon tah hartosna sukan di dieu? Naha sami hartosna sareng 
sukan-sukan dina basa Sunda? 

Teras deui aya kecap Malayu "sekejap" anu hartosna bénten tina kecap "sekejap" 
dina basa Endonesia tapi langkung caket hartosna kana "sakedap" dina basa 
Sunda. Leres henteu, nya?    
  
    Tah  kumaha, naha aya kecap-kecap bahasa Malaysia sanésna anu ampir sami 
hartosna sareng kecap-kecap basa Sunda?



Hatur nuhun sateuacanna kanggo wartana. 


Pun Asép
     

---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
 Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.
     

               
        



 
     
                       

 
---------------------------------
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.

Kirim email ke