Saleresna mah sadayana oge hese sareng lier kang pami teu biasa mah
abdi mah terus terang nya kang, kapungkur waktos sd di ajar bahasa sunda
tapi teu di ajarkeun nyerat seratan sunda (aksara sunda), pas ngobrol sareng 
wargi
nu di jawa anjena di ajarkeun nyerat aksara jawa (ho no co ro ko....) da sedih 
atuh....
naha ari abi hente..... da lamun teu di mumule ku urang ku saha deui maenya 
urang bule
di alajar ari urang nu boga na hente isin meren......
puntennya kang bilih aya cariosan nu teu merenah... neda di hapuntena


  ----- Original Message -----
  From: trias santosa

  Aksara sunda danget ieu geus teu aya nu make, jeung barina oge kurang 
praktis. Merlukeun langkung seueur kertas jeung alat tulis. Hiji naskah mun 
ditulis ku hurup laten ngan salembar, meureun mun ditulis ku hurup sunda jadi 5 
lembar, waktu keur nulisna oge leuwih lila, pulpen gancang beak, macana leuwih 
hese (meureun). Contoha HA ku hurup laten ngan 6 coretan (H=3, A=3)ku aksara 
sunda jadi 10 coretan, HO ku laten ngan 5 coretan (O dianggap 2), ku aksara 
sunda jadi 12 coretan da kudu make panolong. Lian ti jumlah coretan oge kudu 
nyadiakeun baris kosong di luhur jeung di handap pikeun nuliskeun pasangan 
pasangan aksara. Komo deui mun dibandingkeun jeung hurup tulis laten nu leuwih 
praktis keur nulis gancang.

-------- dipangneukteukkeun ku K#5 ----------

Kirim email ke