Pangalaman sim kuring dina ngahadiran HBH, di paguyuban mana wae, dina jrengna 
rereana karasa teu keuna kana tujuan umum HBH eta sorangan. Ceuk kuring tujuan 
HBH ieu intina  teu aya lain keur ngangkeutkeun silaturahmi diantara anggota 
paguyuban eta. 
   
  Komo deui keur paguyuban Kusnet anu kaanggotaanna terbuka melalui millis 
wungkul. Mun nengetan dina millis nu sok mairan jeung ngajadikeun millis ieu 
rame jeung sariga nu geus papada wanoh,sabenerna diramekeunna ngan saukur  ku 
sababaraha urang wae. Mun diitung mah moal leuwih ti 20 atawa 30  urang . Sok 
geura sing tenget. Nu sok  giat nulis teh ngan eta eta keneh wae. Nu sejen mah 
ngan sasakali mairan. Mun teu Ndoel, Kahkeh, Reka, Wa Siddik, Roro Rohmal, Ika 
Mardiah, Agus Pakusarakan,Kumincir, Mang MJ, Dudi Herlianto, kang Deni, sakali 
kali Maman Gatra. Datang nu rada anyar teh Lygia. Eta nu kainget. Kalikeun 5 
weh. Ngan aya  kurang leuwih 60 urang.
   
  Tina sakitu nu ku kuring disebut, anu geus papada wanoh jeung geus kopi 
darat, nya ceuk kuring mah  nya ngan  eta eta keneh..
  Misalna keur kuring. Lebeng pisan, diantara anu disebut teh can aya hiji oge 
anu pernah tepung bari sasalaman. Tah kawasna pikeun anggota kusnet mah 
kaanggotaan samodel kuring teh mayoritas. Jadi teu heran lamun sakali 
ngahajakeun ngilu ngumpul teh karasana asa formal atawa ngarasa natamu pisan  
pikeun anggota samodel kuring mah, sabab biasana suasana dina HBH eta teu 
"kondusif" pikeun  ngajadikeun acara HBH eta jadi acara milik sorangan
  Lamun kitu wae karasana mungkin bakal jadi kapok pikeun hadir keur kadua 
atawa katilu kalina. Alhamdulillah kuring sorangan can pareng ngahadiran acara 
HBH kusnet. Tapi geus kabayang pasti pikitueunana teh, ngingetkeun pangalaman 
anu enggeus enggeus di acara HBH lainna.
  Tah kumaha atuh sangkan suasana HBH eta kondusif anu tungtungna  anu haladir 
teh ngarasa betah, nepi katujuan silaturahmi  jadi kahontal. Jadi nambah dulur, 
tambah kawawuh, nambah jaringan, pimohaleun nambah rizki .Utamana anu can 
warawuh jadi warawuh , anu geus papada wawuh jadi leuwih raket. Inget anu can 
warawuh teh pan mayoritas tea. Salila ieu  acara HBH teh biasana  ngan saukur 
jadi acara sibuk anu geus papada warawuh wungkul.Tatamu nu sejen mah ting 
palohok weh, ngarasa dirina teu penting.
   
  Usul kuring sifatna umum. Jadikeun acara HBH ieu jadi acara pikeun 
ngaraketkeun silaturahmi anggota ,utamana anggota anu can papada wawuh. Teknis 
na kumaha tah?.
  Tehnisna anu kapikir ku kuring  diantarana.
  1. Para panitia , anu geus warawuh ti anggalna ulah ngan sibuk ngurus "acara 
" anu geus diplot, nepi ka poho teu mentingkeun ka para tamu anu hadir  anu 
karereaanna mah acan papada warawuh.
  2. Para anggota panitia, kuduna jadi jejer atawa host anu bisa  mawa kana 
suasana jadi akrab jeung ngajadikeun si tamu adalah orang penting dina acara 
eta.
  3. Acara HBH  intina lain acara balakecrakan wungkul. Oge lain ngan acara 
keur ngadengekeun atawa nempo  acara kasenian wungkul. Nu paling penting tujuan 
HBH , nyaeta ningkatkeun silaturahmi para anggota.
  4. Lamun aya dahareun anu kudu diteda jadikeun ngan saukur alat pikeun  
membuat suasana akrab. Lain jadi tujuan utama anu daratang. Pon deui jadikeun 
acara hiburan keur menghantar kana suasana akrab. Karereanana acara hiburan  
ngadominasi acara HBH. Loud speaker anu tarik pisan, nepi ka hayang ngobrol  
jeung anu kakara panggih atawa anu geus lila wawuh we mani kudu jojorowokan  da 
sora urang kasilep ku sora musik tina louds speaker anu  bedas pisan. ACARA  
HBH ceuk kuring LAIN ACARA BALAKECRAKKAN  ATAWA NGADENGEKUN ATAWA LALAJO 
PANGGUNG HIBURAN.
  Mun hayang dahar ngeunah mah lain di acara HBH tempatna , tapi di restoran. 
Kitu oge  mun hayang lalajo /ngadengekeun hiburan lain di HBH. Cukup dina TV  
atawa pagelaran wae. HBH lain singketan Hayang Barang Hakan atawa Hayang 
Bireungeuh Hiburan (radamaksa)
  5. Satiap anu hadir  diwajibkeun nulis ngaranna dina  sacewir kertas ( 
sadiakeun ku panitia), terus tempelkeun  dina dada kenca.SKSD dina HBH mah 
penting pisan ( SKSD = Sok Kenal Sok Dekat), supaya suasana teu kaku.
  6.Tugas para panitia , anu geus papada wawuh tea,  kudu aktip ngawawuhkeun 
para hadirin. Panitia kudu cingceung .Misalna upama ningali  para hadirin kaku 
diantara maranehannana , padahal diuk pagigir gigir. Teu ngobrol teu nyapa. Tah 
panitia kudu nyampeurkeun kanu suasana samodel kitu. Tugas panitia ngamprokkeun 
atawa ngajejeran maranehannan , nepi ka akhirna marenehanana jadi warawuh . 
Nepi maranehannana ngarasa diaku aya aya pangakuan
  Panitia kudu nyaho psikologis para tatamu anu datang kadinya. Masing masing 
tamu bakal  ngarasa manehna anu paling teu dikenal, kusabab memang can  papada 
kenal ( salian ti diantara para panitia). Nya ku diwanohkeun ku para panitia, 
tujuan silaturahmi jadi tercapai.
  7. Mengenai  naha kudu "meuli"/ iyuran atawa cukup ku nyieun  koropak 
sumbangan. Ceuk kuring ku dua jalan eta ngumpulkeun sumbangan ( atawa naon wae 
ngaranna) moal bisa tercapai maksimal saupama para tamu can ngarasa jadi bagean 
tina paguyuban eta. Jadi ngarasa jadi bagean penting ti para anggota  tina 
paguyuban eta jadi hal anu paling utama dilakukeun. Salah sahijina jadikeun HBH 
sarana pikeun  ningkatkeun rasa  memiliki paguyuban kusnet ieu. Salah sahiji 
carana  saperti  anu disebut di no 6 luhur .
  8. Mun hal ieu  dicoba dilakukeun di HBH taun ieu. Insya Allah HBH taun 
berikutna bakal rea anu haladir jeung sumbangan kotak bakal leuwih pinuh. Upama 
kudu "meuli " atawa ditangtukeun oge iyurannana  pasti bakal disambut dengan 
senang hati. Naon sababna?. Sababna  para anggota samodel kuring ( anu can 
wawuh ka sasaha) secara psikologis geus meunang pangakuan kana kaanggotaanna 
waktu dina acara HBH. 
  Percaya ka kuring. Insya Allah  .
   
  Insya Allah, lamun waktu jeung tempatna pas, kuring rek ngiluan urung rembug 
kana kapanitiaan, sok sanajan teu saurang oge anu  pernah kenal dimillis ieu  
pernah papanggih atawa sasalaman jeung kuring. Sugan we diaku.
   
  Wassalam.
  Dudi Asgar
   
   
  

kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Ngiluan sumbang saran ah...,
usulan ti jang Ndud pikeun HBH nu bakal datang ku cara nyebarkeun
angket pikeun meungkeut baraya ngarah miboga rasa kana HBH alus pisan.
usulan ti sim abdi engke dina angket cantumkeun (tuliskeun) gede
leutikna sumbangan pikeun HBH timimiti nilai anu pang leutikna nempi
ka nilai anu teu ka itung contona ; timimiti Rp.5.000 nepi ka Rp.
25.000 (leuwih tidieu hade pisan). tah hasil tina sumbangan eta
asupkeun kana kencleng YP pikeun digunakeun keur ngabantu dulur-dulur
urang anu mikabutuh boh mangrupa buku-buku keur PASAKA YP anu di
daerah atawa nu liana.
samalah mah lamun kasuluyuan jeung waktuna nyukupan mah HBH nu bakal
datang teh ngusulkeun hayang bari bakti sosial (baksos) ka masyarakat
langsung misalna ; bari ngabagikeun paket sembako pikeun kulawarga pra
sejahtera atawa nu laina, ngan pastina perlu tanaga (SDM) anu nyukupan
alias loba tea tah didieu kira-kirana siap moal...hehehehe.

cag..ah, nuhun.

"kkbm'69"
-geustilukalingiluanhabeha....

On 3/22/07, kahkeh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> hmmmm... makana di dieu perlu pisan musyawarah, sabaraha minimal keur
> meuli sangkan teu aya nu ngarasa gede teuing. prinsipna sarua jeung
> koropak, saikhlasna, ngan aya bates minimal nu henteu enol.
>
> ngan nu kapikir lamun musyawarah biasa di rohangan jiga kieu (euwueh
> tembokan) pasti hese. tah uing ge palebah dieu mah can biga ide euy
> haha... aya hiji deui cara nyalabarkeun angket...
>
> sugan aya nu sejen nu boga ide,
> bari nungguan uing rek ngarungan korong. kamari aya nu pesen...


         

 
---------------------------------
Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.

Kirim email ke