Tah aya usul, kritik jeung ideu ti Kang Dudi.
kanggo calon Panata Calagra, mugia katampi.
Nuhun


-dul-



--- In urangsunda@yahoogroups.com, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Pangalaman sim kuring dina ngahadiran HBH, di paguyuban mana wae, 
dina jrengna rereana karasa teu keuna kana tujuan umum HBH eta 
sorangan. Ceuk kuring tujuan HBH ieu intina  teu aya lain keur 
ngangkeutkeun silaturahmi diantara anggota paguyuban eta. 
>    
>   Komo deui keur paguyuban Kusnet anu kaanggotaanna terbuka 
melalui millis wungkul. Mun nengetan dina millis nu sok mairan jeung 
ngajadikeun millis ieu rame jeung sariga nu geus papada 
wanoh,sabenerna diramekeunna ngan saukur  ku sababaraha urang wae. 
Mun diitung mah moal leuwih ti 20 atawa 30  urang . Sok geura sing 
tenget. Nu sok  giat nulis teh ngan eta eta keneh wae. Nu sejen mah 
ngan sasakali mairan. Mun teu Ndoel, Kahkeh, Reka, Wa Siddik, Roro 
Rohmal, Ika Mardiah, Agus Pakusarakan,Kumincir, Mang MJ, Dudi 
Herlianto, kang Deni, sakali kali Maman Gatra. Datang nu rada anyar 
teh Lygia. Eta nu kainget. Kalikeun 5 weh. Ngan aya  kurang leuwih 
60 urang.
>    
>   Tina sakitu nu ku kuring disebut, anu geus papada wanoh jeung 
geus kopi darat, nya ceuk kuring mah  nya ngan  eta eta keneh..
>   Misalna keur kuring. Lebeng pisan, diantara anu disebut teh can 
aya hiji oge anu pernah tepung bari sasalaman. Tah kawasna pikeun 
anggota kusnet mah kaanggotaan samodel kuring teh mayoritas. Jadi 
teu heran lamun sakali ngahajakeun ngilu ngumpul teh karasana asa 
formal atawa ngarasa natamu pisan  pikeun anggota samodel kuring 
mah, sabab biasana suasana dina HBH eta teu "kondusif" pikeun  
ngajadikeun acara HBH eta jadi acara milik sorangan
>   Lamun kitu wae karasana mungkin bakal jadi kapok pikeun hadir 
keur kadua atawa katilu kalina. Alhamdulillah kuring sorangan can 
pareng ngahadiran acara HBH kusnet. Tapi geus kabayang pasti 
pikitueunana teh, ngingetkeun pangalaman anu enggeus enggeus di 
acara HBH lainna.
>   Tah kumaha atuh sangkan suasana HBH eta kondusif anu tungtungna  
anu haladir teh ngarasa betah, nepi katujuan silaturahmi  jadi 
kahontal. Jadi nambah dulur, tambah kawawuh, nambah jaringan, 
pimohaleun nambah rizki .Utamana anu can warawuh jadi warawuh , anu 
geus papada wawuh jadi leuwih raket. Inget anu can warawuh teh pan 
mayoritas tea. Salila ieu  acara HBH teh biasana  ngan saukur jadi 
acara sibuk anu geus papada warawuh wungkul.Tatamu nu sejen mah ting 
palohok weh, ngarasa dirina teu penting.
>    
>   Usul kuring sifatna umum. Jadikeun acara HBH ieu jadi acara 
pikeun ngaraketkeun silaturahmi anggota ,utamana anggota anu can 
papada wawuh. Teknis na kumaha tah?.
>   Tehnisna anu kapikir ku kuring  diantarana.
>   1. Para panitia , anu geus warawuh ti anggalna ulah ngan sibuk 
ngurus "acara " anu geus diplot, nepi ka poho teu mentingkeun ka 
para tamu anu hadir  anu karereaanna mah acan papada warawuh.
>   2. Para anggota panitia, kuduna jadi jejer atawa host anu bisa  
mawa kana suasana jadi akrab jeung ngajadikeun si tamu adalah orang 
penting dina acara eta.
>   3. Acara HBH  intina lain acara balakecrakan wungkul. Oge lain 
ngan acara keur ngadengekeun atawa nempo  acara kasenian wungkul. Nu 
paling penting tujuan HBH , nyaeta ningkatkeun silaturahmi para 
anggota.
>   4. Lamun aya dahareun anu kudu diteda jadikeun ngan saukur alat 
pikeun  membuat suasana akrab. Lain jadi tujuan utama anu daratang. 
Pon deui jadikeun acara hiburan keur menghantar kana suasana akrab. 
Karereanana acara hiburan  ngadominasi acara HBH. Loud speaker anu 
tarik pisan, nepi ka hayang ngobrol  jeung anu kakara panggih atawa 
anu geus lila wawuh we mani kudu jojorowokan  da sora urang kasilep 
ku sora musik tina louds speaker anu  bedas pisan. ACARA  HBH ceuk 
kuring LAIN ACARA BALAKECRAKKAN  ATAWA NGADENGEKUN ATAWA LALAJO 
PANGGUNG HIBURAN.
>   Mun hayang dahar ngeunah mah lain di acara HBH tempatna , tapi 
di restoran. Kitu oge  mun hayang lalajo /ngadengekeun hiburan lain 
di HBH. Cukup dina TV  atawa pagelaran wae. HBH lain singketan 
Hayang Barang Hakan atawa Hayang Bireungeuh Hiburan (radamaksa)
>   5. Satiap anu hadir  diwajibkeun nulis ngaranna dina  sacewir 
kertas ( sadiakeun ku panitia), terus tempelkeun  dina dada 
kenca.SKSD dina HBH mah penting pisan ( SKSD = Sok Kenal Sok Dekat), 
supaya suasana teu kaku.
>   6.Tugas para panitia , anu geus papada wawuh tea,  kudu aktip 
ngawawuhkeun para hadirin. Panitia kudu cingceung .Misalna upama 
ningali  para hadirin kaku diantara maranehannana , padahal diuk 
pagigir gigir. Teu ngobrol teu nyapa. Tah panitia kudu nyampeurkeun 
kanu suasana samodel kitu. Tugas panitia ngamprokkeun atawa 
ngajejeran maranehannan , nepi ka akhirna marenehanana jadi 
warawuh . Nepi maranehannana ngarasa diaku aya aya pangakuan
>   Panitia kudu nyaho psikologis para tatamu anu datang kadinya. 
Masing masing tamu bakal  ngarasa manehna anu paling teu dikenal, 
kusabab memang can  papada kenal ( salian ti diantara para panitia). 
Nya ku diwanohkeun ku para panitia, tujuan silaturahmi jadi tercapai.
>   7. Mengenai  naha kudu "meuli"/ iyuran atawa cukup ku nyieun  
koropak sumbangan. Ceuk kuring ku dua jalan eta ngumpulkeun 
sumbangan ( atawa naon wae ngaranna) moal bisa tercapai maksimal 
saupama para tamu can ngarasa jadi bagean tina paguyuban eta. Jadi 
ngarasa jadi bagean penting ti para anggota  tina paguyuban eta jadi 
hal anu paling utama dilakukeun. Salah sahijina jadikeun HBH sarana 
pikeun  ningkatkeun rasa  memiliki paguyuban kusnet ieu. Salah 
sahiji carana  saperti  anu disebut di no 6 luhur .
>   8. Mun hal ieu  dicoba dilakukeun di HBH taun ieu. Insya Allah 
HBH taun berikutna bakal rea anu haladir jeung sumbangan kotak bakal 
leuwih pinuh. Upama kudu "meuli " atawa ditangtukeun oge iyurannana  
pasti bakal disambut dengan senang hati. Naon sababna?. Sababna  
para anggota samodel kuring ( anu can wawuh ka sasaha) secara 
psikologis geus meunang pangakuan kana kaanggotaanna waktu dina 
acara HBH. 
>   Percaya ka kuring. Insya Allah  .
>    
>   Insya Allah, lamun waktu jeung tempatna pas, kuring rek ngiluan 
urung rembug kana kapanitiaan, sok sanajan teu saurang oge anu  
pernah kenal dimillis ieu  pernah papanggih atawa sasalaman jeung 
kuring. Sugan we diaku.
>    
>   Wassalam.
>   Dudi Asgar
>    
>    
>   
> 
> kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>           Ngiluan sumbang saran ah...,
> usulan ti jang Ndud pikeun HBH nu bakal datang ku cara nyebarkeun
> angket pikeun meungkeut baraya ngarah miboga rasa kana HBH alus 
pisan.
> usulan ti sim abdi engke dina angket cantumkeun (tuliskeun) gede
> leutikna sumbangan pikeun HBH timimiti nilai anu pang leutikna 
nempi
> ka nilai anu teu ka itung contona ; timimiti Rp.5.000 nepi ka Rp.
> 25.000 (leuwih tidieu hade pisan). tah hasil tina sumbangan eta
> asupkeun kana kencleng YP pikeun digunakeun keur ngabantu dulur-
dulur
> urang anu mikabutuh boh mangrupa buku-buku keur PASAKA YP anu di
> daerah atawa nu liana.
> samalah mah lamun kasuluyuan jeung waktuna nyukupan mah HBH nu 
bakal
> datang teh ngusulkeun hayang bari bakti sosial (baksos) ka 
masyarakat
> langsung misalna ; bari ngabagikeun paket sembako pikeun kulawarga 
pra
> sejahtera atawa nu laina, ngan pastina perlu tanaga (SDM) anu 
nyukupan
> alias loba tea tah didieu kira-kirana siap moal...hehehehe.
> 
> cag..ah, nuhun.
> 
> "kkbm'69"
> -geustilukalingiluanhabeha....
> 
> On 3/22/07, kahkeh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > hmmmm... makana di dieu perlu pisan musyawarah, sabaraha minimal 
keur
> > meuli sangkan teu aya nu ngarasa gede teuing. prinsipna sarua 
jeung
> > koropak, saikhlasna, ngan aya bates minimal nu henteu enol.
> >
> > ngan nu kapikir lamun musyawarah biasa di rohangan jiga kieu 
(euwueh
> > tembokan) pasti hese. tah uing ge palebah dieu mah can biga ide 
euy
> > haha... aya hiji deui cara nyalabarkeun angket...
> >
> > sugan aya nu sejen nu boga ide,
> > bari nungguan uing rek ngarungan korong. kamari aya nu pesen...
> 
> 
>          
> 
>  
> ---------------------------------
> Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
> always stay connected to friends.
>


Reply via email to