1. Ceuk beja, Empu teh hiji kaahlian nu geus kauji, biasana kecap empu dilarapkeun kana pagawean ngulik logam. Dua minggu kaliwat kadatangan hiji jalma perceka, da sapopoena mah jadi dokter, ngan ngakuna aya turunan empu. Inyana datang ka kuring susuganan aya buku ngeunaan kujang, hanjakal buku ieu teh euweuh. Ceuk inyana, kujang geus jadi lambang Jawa Barat, kujang geus jadi sabiwir hiji, geus jadi pakarang karuhun Sunda, naha bet bukuna euweuh...? Tidinya mimitina terus ngobrol uplek, nya nu diobrolkeun perkara empu tea. Nu katoong ku inyana empu nu kungsi aya di Tatar Sunda nyaeta Empu Anjani, malah ceuk harewos nu katampa ku dirina, kungsi boga "dapur" di sabudeureun Lembang, di suku gunung Tangkuba Parahu, tah ku Empu Anjani ieu sigana Kujang dijieun. Kuring nanya naha empu anu sakualitas empu baheula ayeuna aya keneh...?, dijawab ku inyana aya keneh. Di sa Indonesia, teu leuwih ti 25 jalma, ti mimiti Aceh tug nepi ka Lombok. Di Jakarta aya 3 jalma, di Jabar cenah ngan saurang. Tina ieu obrolan intina manghanjakalkeun ku can aya buku ngeunaan kujang, aya ge artikel nu ngan sapotong-sapotong. Sababaraha poe ti harita kuring kontak jeung balad nu ngajar di UPI, pedah ieu balad teh rada loba koleksi kujangna, jeung deuih rada nyaho kasang tukangna, tujuanana mah mapanas sangkan nyieun buku ngeunaan kujang, bukuna ulah analisis teuing da sumber bejana can kapanggih tapi cukup deskriptif we. Sigana buku teh rek ditataharkeun, rek dimimitian ngumpulkeun bahan heula. Kukituna upami aya baraya di Kusnet, anu gaduh kujang buhun, cing disuhunkeun rido galihna masihan fotona, kalawan dilengkepan ku seratan sajarahna, timana kengingna, kumaha kasang tukangna, dianggo naon sareng kumaha ngarumatna. Tangtos dilebetkeun janten kontributor.
2. Geus sababaraha minggu kuring ngagebugan kulit tangkal saeh, hayangna mah hayang bisa nyieun daluang, kertas jieunan sorangan, bisa jadi art paper kaasupna. Kataji kana hal ieu teh pedah we daluang sok disebut-sebut jadi hiji media pikeun nulis naskah kuno. Kuring ngalap elmu nyieun kertas saeh teh ti Kang Tedy Permadi, malah kuring dibahanan pibakaleunana, atuh dibere deuih alat pameupeuhna. Sababaraha poe teh kakara meunang tujuh lambar ukuran A4, eta ge asa can ngarasa sugema da masih keneh kandel, can ipis nyempring rata, tapi ari sareretan mah geus alus, malah barudak STSI anu ulin ka imah rada muji....heu heu....alus cenah,....sigana nyebut alus teh pedah can ningali nu leuwih alus. Barade yeuh...kertas saeh....!! 3. Tadi peuting kuring neruskeun hanca , geus aya kana dua rebu entry mah, carana nurutan Eringha. Unggal kecap nu aya dina buku nu dibaca diasupkeun sabage entry, terus tarjamahkeun kana basa Indonesia lengkep jeung conto kalimah. Tadi peuting teh manggih kecap paalus-alus, nyungcung, diala, munuu, dirapalan, na da magol can manggih basa Indonesiana. Paalus-alus aya dina kalimah "Jaman ngaji kakara resep nyunyuhun Quran, paalus-alus tutunjuk, nyere atawa harupat" (tina buku Keur Kuring di Bandung) nyungcung, dirapalan, aya dina kalimah "nu matak aya babasan ka bale nyungcung, ngadon dirapalan, akad nikah di imah tacan ilahar" (Keur Kuring di Bandung) diala dina kalimah "dina waktuna diala laukna, dikemput ku wide bungbun teh, dipageuhanana kana talutug" (Keur Kuring di Bandung) ala-diala-ngala aya kesan kudu dicokot tina habitatna, lamun diterjamahkeun kana diambil, atuh diambil mah bisa tina piring, tina ayakan jste eta mah lain diala tapi dicokot. lain deui lamun dina kecap "diala buahna" bisa diterjamahkeun kana dipetik buahnya, ari ngala aya harti sejen, upamana dina kalimah "eta budak teh ngala ka indung", harti ngala didieu nyaeta mirip atawa seperti. Kitu deui naon atuh basa Indonesiana ari munuu..? Behna mah nu tadina aya pangrasa kana basa Sunda geus taram-taram kitu deui kana basa Indonesia, buktina boloho keneh....!! MSasmita genah geus pangsiun mah, jadi loba kahayang, ngan ku loba kahayang hiji ge euweuh nu jadi.

