Teh Roro,
Upami henteu lepat bodas mah nyacas.
Kanggo warna hejo, hartos hejo carulang mah husus digunakeun kanggo warna
kulit, istri atanapi pameget, anu bodas / koneng sareng katinggal urat-urat
getihna. Biasana keluarga karajaan (anu jarang kapanasan, ngurung di karaton)
kulitna janten pucet, dugi katinggal urat-uratna getihna anu semu biru mangkana
disebta âberdarah biruâ. Katinggali ku urang Sunda mah guratna teh warna
hejo sanes biru. Janten wae jalmi anu gaduh kulit sapertos kitu disebat gaduh
kulit hejo carulang. Leres henteu, nya? Nyanyahoanan ieu mah.
Ti Gedong Manara R&D Telkom Risti, Bandung (nuju natamu ngahadiran Workshop
on the role of Telecommunication / ICT in Disaster Mitigation),
Pun Asep
(pemerhatos Jarwo Kwat, Wapres RM, oge)
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>> [EMAIL PROTECTED] 03/28/07 12:00PM >>>
Hehehâ¦punten kamari abdi lepat nyerat cakeutrek hideungâ¦sering ngadangu
mah cakeutreuk hideung.
Caket Treuk Hideung (tah nu ieu pami di Indonesiakeun : Dekat Truk Hitam)
atanapi
caketrek hideung
mana nu leres?
dua-duana leres pangintennya
taah kanggo nambihan elmu urang punten ieu eusian: ieu mah sakaemut abdi....nu
beureum mah heureuy...
hideung caketreuk/caketrek (?)
bodas ngeplak
hejo pucuk cau/carulang/camcauh/tikuda/leho
Kecap carulang : sakaterang abdi dilarapkeun kana kulit istri nu rupina
antawis koneng rada hejo.
Kulit raray sapertos kieu biasana sok dikasay sabangsaning dangdaunan,
sapertos daun katuk, daun asem, letah buhaya srrd.
Aya contona pun bibi (rai pun biang) di lembur, nu sok pirajeunan dikasay.
Pami wengi sok dipupuran (wedak saripohatji) sae pisan rarayna janten hejo
carulang.
beureum siki saga/ati/burahay
koneng umyang/waos/eta geuningâ¦nu sok angkleung-angkleungan di solokan..
heuheuâ¦
bulao (aya teu) .................
hawuk (aya teu) belewuk
kayas (aya oge?) ...................
Upami
"mere cet koneng" benten panginten sareng "merecet koneng" nya? ahh ieu mah
heureuy! tong dilebetkeun kana manah!
Punten panglereskeun pami aya nu lepat,
ro2
---------------------------------
Never miss an email again!
Yahoo! Toolbar alerts you the instant new Mail arrives. Check it out.