Teh Roro, Kang Asep, Upami henteu lepat bodas mah nyacas*.duka, abdi mah teu ngalebetan kelir bodas...tapi, nuhun diwartosan. Kanggo warna hejo, hartos hejo carulang mah husus digunakeun kanggo warna kulit, istri atanapi pameget, anu bodas / koneng sareng katinggal urat-urat getihna. Biasana keluarga karajaan (anu jarang kapanasan, ngurung di karaton) kulitna janten pucet, dugi katinggal urat-uratna getihna anu semu biru mangkana disebta â*berdarah biruâ*. Katinggali ku urang Sunda mah guratna teh warna hejo sanes biru. Janten wae jalmi anu gaduh kulit sapertos kitu disebat gaduh kulit hejo carulang. Leres henteu, nya? Nyanyahoanan ieu mah.
That's right brother* (da katiasana ngan eta) leres pisan, pun bibi teh langki papanasan ditambih sok dikasay ti jaman anjeuna mangkat rumaja keneh, sareng dipupur unggal wengi, janten kulitna teh hejo carulang, tapi angger getihnamah beureum* heheh. Anjeuna tara dangdos, da tos geulis bawaan ngajadi. Di kulawargi abdi ge aya ketang, pun adi nu kadua (ngalah ka pun biang), mung hanjakal abdi mah kabagean nu hideung cakeutreukna (ngalah ka pun bapa) *eh, ketang hideung ge buah manggu*di dieu mah nuju usum Kang, sakilo Rp. 3.000,- *. Ih, naha jadi kana manggu?! Heuheu* Ti Gedong Manara R&D Telkom Risti, Bandung (nuju natamu ngahadiran Workshop on the role of Telecommunication / ICT in Disaster Mitigation), Euleuh?*caket ningan di Jl. Japati* sareng etah ni kabujeng noongan * Wilujeng ngaluuhan padamel toko = Workshop*ni maksa nya?! Hihih*Kade ngahodhod kabulusan Kang! AC Telkom teaaaa*. tos kakoncara di kantor abdi mah tiis pisan. Pami bade layanan atanapi tender di ditu sok ngahaja diaracuk haneut. Komo nuju workshop atanapi seminar, ditambihan ku tunduh* heuaaaayyyy*heuaaaayyyy*weh, tungtungna ngaguher * heheh. Pun Asep (pemerhatos Jarwo Kwat, Wapres RM, oge) Wah, aya balad yeuh* Haturnuhun parantos ngalereskeun, Ro2

