akang santosa, enya da rasa mah soal salera. teu bisa dipaksakeun. mangga teh teuing kadaharan naon wae bade dioprek kumaha wae oge. barinage asana mah teu aya nu ngalarang kadaharan asli sunda "dimodernisasi" lin? saratna teu ngaruksak awak. ngan meureun salian di pepekan, nu heubeul ge ulah ditinggalkeun.
sapuk pisan palebah kemasan.... penting pisan keur nu mentingkeun mah. komo mun rek dironjatkeun skup penjualanna mah nya? dh On 3/29/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kuring terus terang, katuangan sunda nu asli jeung nu dimodernisasi, raos keneh nu dimodernisasi. Contona bajigur, aslina teu disusuan, cobian geura bajigur disusuan, langkung raos, pelem. Kuring yakin mun hayang katuangan sunda payu di masarakat, ulah keukeuh hayang nyieun nu asli, tapi kudu modernisasi sangkan bisa bersaing jeung inuman soda. Surabi mun disusuan oge raos, tambihan rasa buah buahan asli (lain essence), surabi rasa nangka, surabi coklat, surabi pandan jrrd. Salian ri rasa, tuangeun hoyong bergengsi? bungkus oge kedah diperhatoskeun, ulah ku bungkus koran, dikemas sing sae. Mudah mudahan tiasa ningkatkeun citra katuangan Sunda. Kang Santosa *Temmy Subrata <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: punten ah ka sadayana...... bade naroskeun yeuh tempat-tempat nu masih keneh icalan tuangeun khas sunda.... pami tiasa mah nu asli keneh, nu teu acan di-modernisasi-keun, sapertos surabi enhaii.... insya allah bade ngadamel pilem dokumenter nu bade ngangkat sadayana tuangeun khas sunda..... latar belakangna mah pedah ayeuna rada hariwang, barudak teh langkung terang burger tibatan awug... langkung terang minuman soda tibatan bajigur ( padahal minuman soda teh tiasa ngakibatkeun osteoporosis sanes ???? ).... tah upami dipasihan kasempetan ngalaksanakeun niatan ieu, sugan we minimal pilem2 ieu teh tiasa jadi dokumentasi jang anak incu abdi engke (amiiieeennnnnnnn.......tapi jeung saha ieu teh ??? ) yen sunda teh gaduh sababaraha hiji tuangeun khas nu langkung raos sareng sehat tibatan tuangeun fast food....da gening, sigana ayeuna teh makin jarang wae nu icalan tuangeun sunda teh...sanes kitu ???? tah upami usul mah, engke pami aya kagiatan HBH teh, atos we sadaya katuangan nu disayagikeun teh katuangan khas sunda ???? atanapi emang biasana khas sunda ??? punten ah da bdi mah anyar.... salam... Temmy Subrata [EMAIL PROTECTED] http://web.mac.com/cucuklauk/ mobile. 081511384045
-- dh ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

