Mangga atuh upami kitu mah kang, sakedik ngalajengkeun seratan nomer 4 ti
pengker:
4. Saurna numutkeun naskah Wangsakerta, taun kajadian
Rahyang Tamperan ngabagi kakawasaan Sunda-Galuh ka Hariang Banga sareng Ciung
Wanara teh taun 739. Sedengkeun Majapait ngadeg taun 1273. Janten dumasar kana
naskah ieu, Ciung Wanara teh sanes Jaka Susuruh (Raden Wijaya) anu ngadegkeun
Majapait.
Janten, sakali deui, aya kanyatan-kanyataan anu benten diantawis pantun Sunda
(oge tradisi lisan Jawa - babad Jawa) sareng naskah sanesna kalebet naskah
Wangsakerta anu oge sering dijantenkeun referensi ku bapa Edi S. Ekajati. Ku
margi kitu, anjeunna nyebat rekaman batas wilayah Sunda Jawa anu aya dina
pantun sareng tradisi lisan sanesna sabage sacara budaya sanes saca historis.
Sacara historis mah, anjeunna ngagunakeun sumber sajarah anu langkung luhur
kapastainnana mangrupi sumber primer atanapi sekunder kalebet naskah Bujangga
Manik.
Janten, kanggo kang Dudi sareng kang Trias, sakali deui henteu aya anu lepat
dina tulisan bapa Edi S. Ekajati. Bapa Edi henteu ngabahas lepat henteuna eusi
pantun Sunda atanapi babad Jawa. Anjeunna mung ngungkap kanyataan yen urang
Jawa (anu nganggo basa Sunda oge urang Jawa anu nganggo basa Jawa) gaduh
rekaman informasi ayana Ciung Wanara, Hariang Banga sareng wahangan Cipamali)
dimana cipamali (kali Brebes) dianggap sabage wates wewengkon Sunda sareng Jawa
(jaman kapungkur).
Ieu aya info ngenaan babad-babad Jawa ana pakuat-kait sareng Ciung Wanara,
Hariang Banga, Cipamali (kali Brebes) sareng anu sanesna dina alamat ramatloka:
http://map-bms.wikipedia.org/wiki/Babad_Brebes
Sabagian disalin ku pribados, sapertos kieu:
Babad Brebes juga ora bisa dipisah karo sejarah Kerajaan Galuh Kawali sing
wilayah kekuasaane ngeliputi lewih separo wilayah Jawa Tengah siki (kemungkinan
tekan Kedu lan Purwodadi), dadi termasuk juga wilayah Brebes karo wilayah
Banyumasan umume.
Babad Brebes juga ora bisa dipisah karo babad Kerajaan-Kerajaan utama nang
Jawa Tengah lan Jawa Barat antarane Kerajaan Tarumanegara, Kerajaan Kalingga,
Kerajaan Pajajaran, Kerajaan Mataram, Kesultanan Demak, Kesultanan Pajang lyy.
Babad Brebes juga ora bisa dipisah karo legenda-legenda lan mitos-mitos Ciung
Wanara, Kali Pemali lan liya-liyane.
Nang Serat Kanda ana kisah: bar Kerajaan Majapahit dibangun, Raja Brawijaya
(Raden Susuruh) njemput permaisurine sing esih nang Kerajaan Galuh, dheweke
juga mbantu Arya Bangah sing agi perang lawan Ciyung Wanara. Nang akhir
peperangan kuwe, Arya Bangah kalah, diusir nganti tekan wilayah Tugu. Nang kene
balatentara Majapahit wis siap mbantu ning tetep terdesak nganti kali pinggir
kali Pemali. Enggon peperangan nang sekitar Kali Pemali kiye akhire diarani
Brebes.
Sakieu wae, kirang langkungna neda dihapunten.
Pun Asep
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: yeh...
ulah kitu atuh, Kang... sok atuh pedar, sawios sanes manukna ge... da sajarah
mah lain hususon hakna ahli sajarah, namung hak urang sadaya anu boga patali
jeung eta sajarah....
On 4/10/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
4. Saurna numutkeun naskah Wangsakerta, taun kajadiannana ...
(ah mangga nyanggakeun kaahlina; bilih lepat nulis da bribados mah icikibung
dina widang teknik telekomunikasi sanes widang sajarah sareng budaya, mung
resep pisan kana sajarah).
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
---------------------------------
Don't get soaked. Take a quick peak at the forecast
with theYahoo! Search weather shortcut.