Kanggo Kang Bohay,
  Sabab carana pamarentah nerapkeun penambahan beus kurang luwes. Tingali heula 
naon sababna supir angkot maledogan beus? Sabab ngaganggu kalancaran rejekina. 
Kumaha carana dapur maranehna tetep ngebul? Loba carana, ulah ngadatangkeun 
angkot anyar. Ganti trayek ka pasisian, ayakeun trayek anyar make angkot nu 
aya, gratiskeun urusan administrasi keur ganti trayek ka pasisian. Keun di 
jalan jalan protokol sina kakurangan angkot secara alamiah. Ke geus kakurangan 
kitu pan gampang dieusian beus. Dimimitian ku beus patas, ulah beus nu eureun 
unggal parapatan, eta mah nyoro rejeki angkot. Pokona gampang lah asal aya 
political will ti pejabat pamarentah.
   
  Kang Santosa


Reka Gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Bareto mah, amun aya 
parentah ti pemerintah anu kararitu moal hese, da rahayat oge pasti nurut.
ayeuna mah, tong waka maen ganti jiga kitu, misalkeun, nambahan jumlah beus 
weh, pasti langsung rame daremo, langsung kabeh bus dibaledogan ku supir 
angkot. ayeuna mah pamarentah teu bisa sa heuras bareto apanan. 

-Bohay-


  On 16/04/07, trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
  Taun 80-an pamarentah kungsi ngaganti bemo ku angkot, sukses, teu aya 
masalah. Polusi udara  ngurangan, jalan teu gandeng teuing ku sora bemo nu 
norekan ceuli. Diajar tina pangalaman ieu, piraku teu bisa ngaganti angkot ku 
beus. Mun teu bisa, cik manawi aya baraya kusnet nu uninga, naon hesena, naon 
masalahna? 
   
  TS







  

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke