TUTUKULEUN Wayahna kudu rido disebut katro mun kiwari teu apal tutukuleun. Tuh nya pan katro, lain tutukuleun atuh ari jalma kurang gaul mah tapi kuuleun. Komo dihartikeun leungeun karadak lantaran kerep nyekel doran pacul mah, leuwih katro. Nu kitu mah sasangaleun. Jadi naon atuh ari tutukuleun teh? Nu sok pirajineun nongton opat mata pasti apal ka sosok tukul arwana, tina biwirna anu beda tibatur remen pisan kaluar kecap kecap saperti "ndeso, katro, back to laptop, silent please, kristalisasi keringat, tak sobek sobek mulutmu jeung puas...puas...puas". Di kahirupan sapopoe kecap kecap eta tereh pisan sumebarna tur jadi bumbu heureuy lamun keur ngobrol. Kabiasaan ngucapkeun anu sok diucapkeun ku tukul arwana dina acara opat mata, leuwih pas disebut tutukuleun.
Kiwari lamun aya jalma ngomong basa inggris teu puguh alang ujurna tur dititah ngucapkeun kecap anu tas diucapkeunana kalahka rungah ringeuh, geus teu salah deui pasti eta jalma teh keur kajangkit tutukuleun. Salian ti eta, geura urang tataan hiji hiji saha saha wae nu keur kajangkit tutukuleun teh. Si midun budak angon pasir cineom, lamun embena sing berele hayang nyatu cukup nyorowok " silen plis, silen plis!" sapada harita sungut embe jempe. Kitu deui basa jang lahem keur indehoy jeung euis rancunit wanci tengah poe ereng ereng, jang lahem ujug ujug nunjuk kana kelek euis rancunit bari pok ngomong "Nyi kunaon eta kelek meuni rametek kitu?" dijawab ku si euis bari serengeh "Ih katro siakang mah, eta mah kristalisasi keringat atuh!" Nu leuwih parna anu katerap tutukuleun teh nyaeta anu remen ngucapkeun back to laptop, lila lila mah bisa katerap laptopirosis setadium lima, hiji panyakit anu tanda tandana euweuh kaera hayang dipangmeulikeun laptop. Salain tanda tanda eta panyakit laptopirosis ieu boga tanda tanda husus kayaning mun kiih sok sing geregel karasana nyerina pisan. Har bet sarua jeung jengkoleun geuning! Nyaeta atuh, pan mun dahar jengkol loba teuing ge sok disebut jengkoleun, kitu deui lamun murak semur laptop loba teuing atawa goreng kekebna, pasti bakal laptopeun nya basa katrona mah laptopirosis tea. Urang sunda sok tutukuleun, kitu deui si tukul sok susundaeun. Buktina basa dina salahsahiji episodna kecap back to laptop anu kerep diucapkeun diganti jadi "Balik deui ka laptop!" ngan ngecapkeunana kurang acep, lantaran teu make aksen logat sunda. Kitu deui kungsi ngondang bintang tamu anu aya sari sari kasundaan nyaeta ma' erot. Ngan hanjakal waktu harita tukul arwana teu cipika cipiki jeung ma' erot da meureun hariwangeun, mun pipina jeung biwirna nempel jeung pipi ma' erot hariwangeun biwirna atawa pipina, ngagedean tur manjangan. Mun nu kabitaan mah pasti kabita, gawena ngan ukur cipika cipiki jeung artis herang mencrang tapi gajihna mangpuluh puluh juta sa episod-na. Heup ah ulah ngomongkeun panghasilanana bisi kadengeeun ku nu boga panyakit mala-nyandung pasti bakal karugrag. Anu can katerap ka masarakat polah tutukuleun teh nyaeta sipat jujur kadiri sorangan sumawona ka batur tur daek jadi bahan ledekan batur. Coba mun sipat ieu nular ka para koruptor meureun mana teuing ngaleutakna, loba para koruptor ngaraku sorangan tur daek jadi bahan ledekan balarea. Mun tea mah aya meureun omongan koruptor teh kawas kieu. "Lur...bisi teu nyaho, harta dewek anu balatak teh swer euy...meunang korupsi! Sanajan harta dewek balatak tetep we dewek teh teu tibra sare euy! mana ieu burut saban bulan purnama ngagedean,kawalat euy! Puas.....puas....puas! Awas mun teu nyerengeh tak sobek sobek mulutmu!" Ceuk basa tutukuleun mah cenah ieu mah ngan ukur just kidding, just for laugh, just jedding jeung just hujan! Batawi,14 rabiul awal 1428h syam ridwan katro bin kuuleun

