Saurna mah tiap dinten rebo tabuh 10 enjing-enjing di Jl. Nilem, bapa AA Misan ngayakueun acara ngabako dina basa Aringgis.
Kapungkur aya klub percakapan bahasa Inggris sanesna, namina Cozy Corner English Conversation Club (CCECC), anggotana para mahasiswa sareng mahasiswi oge aya budak SMA Bandung. Acarana dina dinten ahad jam 10 enjing-enjing. Ke bade disusud ku pribados naha CCECC teh masih aya. Upami masih aya, engke kang Ika bakal diwartosan ku pribados. Pribados kantos gabung sareng CCECC salami 5 taun. Maksadna mah kanggo milarian jodo harita teh, he he he. saatos lima taun ngagabung, nembe hasil kenging jodo ti eta klub teh. Tapi basa Inggris na oge kenging sakedik-kedikeun mah, aya manfaatna sakedikna kanggo maca tulisan-tulisan / literatur dina basa Inggris sareng tiasa sakedik pasea dina basa Inggris. Salamna, Asep ika sukma <[EMAIL PROTECTED]> wrote: naha iraha sareng dimana diayakeunana NECC teh...? naha aya pangaosna teu, saupami bade ngiringan ulubiung...? lajeng ku ayana online...rupina e-learning tiasa diramekeun... mangga...saha anu bade...ngawitan...e-learning...(melalui chatting ...) tapi ulah tuluy heureuy...kedah seurieus...nya akang, euceu... hatur nuhun...sateuacana.. baktos, d ----- Pesan Asli ---- Dari: Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Kamis, 19 April, 2007 3:52:51 Topik: Re: [Urang Sunda] Nini & Aki ti Englewood, New Jersey - USA ... Saha? Leres kang, eta mah akang nu ngalilieur maneh. he he he. Iwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kahoyong mah ngiringan ilubiung di NECC, nanging da kumaha atuh tebih.. Ngeunaan bahasa inggris teh aya sakedik pasualan ti abdi ngeunaan 'who' sareng 'what', geura; Naha 'Saha ngaran maneh' di inggriskeun jadi 'what is your name?' sedengkeun lamun 'who are you?' pasti jawabanana kana hal2 ngeunaan diri urang, lain ngaran. Misalna "I'm his friend", atawa "I'm a representative from our company", dll. Panginten hartosna "Ari maneh saha?", tapi keukeuh we pan ari di sunda mah dijawab ku ngaran. Atanapi memang anu leres kedahna 'naon ngaran maneh?' sanes 'saha'.. asa kagok geuning. janten nu rancu teh di basa inggris atawa basa sundana nya? da geuning di indonesia oge naros nami teh ku 'siapa' sanes 'apa'. Hapunten sateuacana, geuning kuring mah mung ngalilieur wungkul, atawa kuring sorangan nu ngalilieur maneh nya? heuheu.. Wassalam, Iwan ----- Original Message ----- From: AA misan To: [EMAIL PROTECTED] ups.com Sent: Thursday, April 19, 2007 2:47 PM Subject: [Urang Sunda] Nini & Aki ti Englewood, New Jersey - USA Assalamu'alaikum Wr Wb, Insyaallah Rebo payun (04/25/07 ?) NilemEnglishConvers ationClub bakal rame deui ku sumpingna nini sareng aki ti Englewood NJ nu saurna mah sasab di Bandung tos aya kana sa mingguna. Rupina mah teu aya lepatna upami NECC ngondang ieu dua Amrik nu nuju sasab ka Nilem 5/2A Bubat ti tabuh 10.oo AM dugi ka rengse, diteraskeun ku lunch-time di tempat nu sami. Malih simkuring parantos titip saur ka nu gaduh bumi (upami teu ka abotan kitu oge) pados nyayagikeun bubur lemu minangka kanggo 'cuci mulutna'. Peupeujeuh ti si aki jeung nini ka simkuring kedah nyayagikeun hayam nu hipu tak bertulang. Boneless chicken tea panginten nya ? Beu, tetela si aki-nini kolot ieu mah loba pamenta. Baraya Kusnet, yu urang 'mangpaatkeun' si Amrik kolot ieu, urang gali elmu basa Inggris-na. Insyaallah enjing jaganing pageto oge urang bakal tiasa cas-ces-cos dina basa Inggris jiga maranehna (native speakers) . Hope to see you all there April 25/07 . Wasalam Misan . Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos. --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check out new cars at Yahoo! Autos. --------------------------------- Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! --------------------------------- Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell? Check outnew cars at Yahoo! Autos.

