Kang Asep Rahmat,
Haturan kang Asep,
Leupas tina sual PNS, punten bade tumaros, dupi akang teh damel di lambaga
sajinis lembaga pengembangan bahasa. Sae pisan upami dina pengembangan basa
Sunda aya lambaga sapertos kitu. (Dina pengembangan basa Endonesia mah gening
aya Lembaga Pengembangan Bahasa Indonesia). Lambaga kitu teh diperyogikeun
pisan kanggo ngamumule basa sunda sareng perkembangannana kalebet kumaha carana
nyerep basa Indonesia sareng basa asing, aksara asing, sareng sajabina.
Salamna,
Pun Asep
arahid_76 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sampurasun. kuring mari maca email tentang PNS. ku kuring karasa pisan
aya diskriminasi di babakan kusnet. kahiji kuring lalaki, kadua kuring
pns, waktu kuring nganjang ka babakan kusnet teu aya nu
ngabageakeun.padahal anu daftar saenggeus kuring mah aya awewe
langsung pada ngabageakeun. kuring memang pns tapi tong
disakompetdaunkeun jeung pns lian. pagawean kuring sapopoe nalungtik
perkara kabahasaan jeung kasastraan kaasup ngeunaan bahasa jeung
sastra sunda.rampes.
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check outnew cars at Yahoo! Autos.