Hatur nuhun, Apih, mugia apih sakulawargi oge salawasna aya dina panangtayungan 
Gusti Alloh...sakali deui hatur nuhun, utamina pidu'ana ti Apih kanggo 
kasalametan kapal mangkat ti Korea dugi ka Indonesia...Amin....
   
  Wassalamualaikum
   
  mt

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Waalaikun salam wr. wb.
  Aduuhh..hanjakalnya waktosna tos samporet pisan..
  Leres ..biasana Dubes sok ngiring ngaresmikeun KRI, sok disarengan ku Athan,
  komo deui kapal TNI-AL mah, Athan nu ayeuna Kol.Laut Edy Suwito.
  Nembe taun pengker sasih September (upami teu lepat mah) TNI-AL reres 
ngareparasi
  kapal silem, malih anggota SATGASna  seueur urang Sunda, aya saderek Riyadi S.
  (tos Kolonel ayeuna mah, manawi teu lepat tugas di mabes TNI-AL) aya saderek 
Iwa K. 
  Ihhh...naha nganggo nyuhunkeun dihapunten, kahartos kumaha pakepukna, upami 
  nuju pelatihan, biasana ku pausahaan Ship Builderna tara dipasihan waktos, 
ari sanes
  di ulem ku KBRI mah.
  Mangga wilujeng tugas sareng wilujeng angkat we dina waktosna, mulih ka lemah 
cai,
  mugi dijalanna sing lungsur langsar teu aya wagelan, salamet dugi ka tujuan.
  Amiin ya robbal alamiinn....
   
  Wassalam.
  ssw
  

Mohamad Taufik [EMAIL PROTECTED]
        assalamualaikum wr. wb,
   
  Alhamdulillah tos ditampi ku Apih Siddik, nepangkeun Apih...punten Apih sim 
kuring calutak tumaros perkawis apih ka kang Bohay, sim kuring ayeuna di Pusan, 
sanes di Ulsan/Pohang, sim kuring tos 3 sasih di Pusan, tapi teu acan aya 
kasempetan amengan ka KBRI, kumargi di Pusan oge sareng rombongan ageung ti 
TNI-AL aya kana 100 personil, nuju pelatihan kanggo nyandak kapal perang anu 
nuju di damel di Dae Sun Shipbuilding, Pusan...hanjakal na nembe mendak ieu 
milis pertengahan sasih april, padahal kaping 30 tos bade rengse kapalna teh, 
kantun nyeberang ka Indonesia, kiwari teh tos kantun finishing touch kapalna, 
punten upami teu sempet amengan ka KBRI, sanes teu hoyong, tapi minggon ayeuna 
teh tos sibuk pisan persiapan kanggo upacara peresmian kapalna, sakali deui 
nyuhunkeun dihapunten nya Apih....
   
  Upami teu lepat mah Dubes oge bade dongkap kaping 27 teh ka Pusan, bade 
ngiring upacara peresmian kapal saurna mah, sareng Athan angkatan laut oge....
   
  Salam wae ka kulawargi sareng sadayana urang sunda anu di KBRI Seoul...
   
  Wassalamu'alaikum
   
  mt



Kirim email ke