Tangtos henteu dugi ka milis, da sigana mah surelekna dikintun japri. Mangga
diantos gambarna.

Perkawis ngeusian Wikipedia, mangga cobi buka
http://su.wikipedia.org/wiki/Wikipedia:Cara_nyieun_artikel sareng
http://su.wikipedia.org/wiki/Wikipedia:Pangwanoh
Intina mah gampil. Misalna salira bade ngadamel artikel ngeunaan bohlam di
Wikipedia Sunda, mangga wae langsung ketikkeun dina kotak URL- na
http://su.wikipedia.org/wiki/Bohlam
ti dinya salira bakal dugi ka kaca kosong anu salajengna tiasa diedit
(dieusian). Kanggo tehnisna, cobi tingal http://su.wikipedia.org/wiki/Wikip
édia:Kursus_kilat
Wilujeng mitambeyan...

Eh, muhun. Perkawis Sundaland, leres sakumaha anu didugikeun ku nu Porenges,
supados henteu pahili sareng Sundaland oge Kapuloan Sunda (
http://su.wikipedia.org/wiki/Kapuloan Sunda) dina jihat geologis. Anu
dimaksad ku Kang Asep mah panginten nujulna ka Tatar Sunda atawa Pasundan.
Upami dilebetkeun salaku subbab mah, sigana lebet kana pedaran ngeunaan
Urang Sunda (http://su.wikipedia.org/wiki/Urang Sunda) atanapi Sundanese (
http://en.wikipedia.org/wiki/Sundanese)

On 5/1/07, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Punten dikirim ulang email dihandap ieu kumargi jigana mah henteu dugi ka
milis jalaran aya tempelan gambar anu ukuran file-na ageung. (Ayeuna
gambarna parantos dipupus).

Kirim email ke