Jadi inget jaman Ali Sadikin mash jeneng Gubernur
jakarta.
Hiji mangsa, aya hiji masigit di Jakarta anu beaya
pangwangunana dibantuan ku Pemda DKI. Sanggeus jadi,
eta masigit teh diresmikeun ku Ali Sadikin. Dina acar
eta teh Ali Sadikin ngomong, cenah waragad
pangwangunan eta masigit teh nyokot tina
pajeg/retribusi tempat-tempat judi anu harita
dilegalkeun di Jakarta.

Na atuh eta mah kontan kokolot pangurus masigit harita
keneh ngumpulkeun beaya sacara swadaya pikeun
ngagantian ka Pemda Jakarta. Sabada kumpul, eta duit
teh dibikeun ka Pemda DKI Jakarta, pikeun ngagantian
bantuan anu dipake ngawangun masigit.

Atuh ayeuna aya kasus, dimana kulawarga Jimly
Assiddiqie, Ketua Mahkamah Konstitusi RI, kungsi umrah
sakulawarga kalayan make dana abadi umat ti Departemen
Agama, anu diselewengkeun ku Menteri Agama Harita (anu
ngabongkar situs batutulis tea), ceuk cenah mah,
juragan Jimly oge geuwat mulangkeun duit ke Departemen
Agama, ngagantian anu dipake beaya.

Keur kasus Amin Rais, duka tah, can aya beja naha duit
eta bakal dipulangkeun, atawa heunteu.

Jadi enya bener lamun di Islam aya katangtuan, kudu
jelas meunang timana harta banda pakaya teh, kabuktian
dina kasus Amien Rais narima bantuan ti Rokhmin
Dahuri.

Jiga ayeuna gajih PNS, pan dianggarkeun tina APBN,
tapi duit APBN ayeuna teh pan meunang ngahutang ti
lembaga internasional, anu teu jelas asal-usulna
meunangkeun duit timana jeung halal/haramna. Nu matak
teu heran lamun kalakuan (sabagean) PNS matak
"pikahariwangeun", kaasup kuring meureun. Tapi ceuk
sakaol mah, kaayaan nagara ayeuna dianggap "darurat."
Jadi hukumna diwenangkeun ngadahar banda pakaya anu
"haram".

baktos,

mrachmatrawyani

--- kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> aya sababaraha hal dasar anu ceuk kuring kudu
> disorot dina lebah dieu:
> 
> * naha nu nampa hibah (model PAN ieu) atawa sodakoh
> ka pakir miskol wajib
> nyaho ti mana asal-usul duitna?
> * lamun salajengna kabukti yen hibah (atawa naon wae
> sebutanana) anu kungsi
> ditampa teh hasil tina korupsi, manipulasi, jsb.,
> naha anu nampana bisa
> digiring oge ka bui?
> 
> Analogi leuleutikanana mah meureun kieu: kuring
> dibere jambu kulutuk sakilo
> ku Kang Juhe, kawawuhan kuring. Saminggu ti dinya,
> Kang Juhe dicerek ku
> pulisi sabab kabuktian maling jambu ti kebonna Kang
> Haji Deden. Naha kuring
> oge kudu mempertanggungjawabkan jambu anu ditampa ku
> kuring, padahal teu
> mais teu meuleum, malah teu nyaho2 acan yen eta teh
> barang beunang maling?
> 
>


       
____________________________________________________________________________________Boardwalk
 for $500? In 2007? Ha! Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's 
economy) at Yahoo! Games.
http://get.games.yahoo.com/proddesc?gamekey=monopolyherenow  

Kirim email ke