Sdrk MSasmita,
  Nuhun pisan, penjelasannana.
  Ieu aya ulasan, kumaha gambaran urang sunda asli anu nembe engeuh kana bibit 
buitna. Anjeuna  dulur sim kuring, pangsiunan pajabat di DKI Jakarta, lulusan 
PT, nyarios: Kang nyatana geuning urang sunda teh leuwih kolot ti urang jawa. 
Buktina karajaan pangkolotna di P. Jawa teh Salakanagara. Eta teh saparantos 
anjeunna sempet maos pustaka sunda ( malum parantos pangsiun kapan ).Ku sim 
kuring diwaler: Mitos urang jawa leuwih kolot ti urang sunda teh digegedekeun 
ku urang majapahit anu hayang ngajajah sunda, anu teu kalaksanakeun malah nepi 
ka der perang Bubat tea.Urang sunda kungsi dijajah ku urang jawa jaman mataram, 
nepi ka aya dongeng kabeh bupati Parahyangan kedah caos upeti ka mataram (teras 
abdi ngadongeng bupati Imbanagara anu ditugel pati ku sultan Mataram ), nya 
harita pangaruh mataram nerekab ka tatar sunda, numutkeun sababaraha literatur 
sadaya gegeden sunda jaman harita nyarios antar sasamana sok ku basa jawa, teu 
aneh kapan jaman walanda oge, jaman generasi pun
 bapa nyariosna basa walanda, atuh panginten jaman ayeuna seueur nu agul upami 
nyarios basa asing cq. Inggeris? Nya mitos jawa leuwih kolot ti sunda harita 
disebarkeun , ngaliwatan kabudayaan, politik, malah agama. Perihal agama kapan 
di pasantren oge kitab kuning diseratna dina basa jawa. Seueur upaya nyundakeun 
kitab kuning diantawisna di pasantren asuhan pun Uwa di wewengkon 
Tasikmalaya.Aya oge ulasan cariosna pupuh dina mamaos, Kinanti, Dangdanggula, 
Maskumambang, Durma sste, anu kedah diapalkeun jama abdi di SR baheula eta teh 
warisan budaya jawa jaman mataram . Wallahu alam bisawwab.
  Wass DP.

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Sakali deui upami maca buku Kasundaan Rawayan Jati/Hidayat 
Suryalaga, leres aya kecap Sunda kapendak dina carios Mahabarata, aya raksasa 
anu namina Upasunda sareng Nisunda, malih disebatkeun Sunda teh salah sahiji 
nami Dewa Wisnu, atuh dina carita epos Ramayana aya satria wanara anu namina 
Sunda.
  Perkawis tempat nami anu ngaharib-harib nami India, sigana di Sunda ge aya 
mung teu seueur teuing, sigana hal ieu aya pakaitna yen agama Sunda (lokal) 
harita teu kageser teuing ku agama ti India ( Buda/Hindu) margi upami maca 
Siksakandang Karesian aya kalimah :
  "Nihan sinangguh dasa prebakti ngaranya. Anak bakti di bapa, awewe bakti di 
laki, hulun bakti di pacandaan, sisya bakti di guru, wang tani bakti di wado, 
wado bakti di mantri, mantri bakti di nu nangganan, nu nangganan bakti di 
mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di dewata, dewata bakti di 
hyang. Ya ta sinangguh dasa prebakti ngaranna"
  Ningali ieu kalimah posisi dewata aya sahandapeun hyang, (aya nu nyarios) 
istilah hyang teu aya dina agama ti India, ayana nya dina agama lokal Sunda. 
Upami ningali kitu agama ti India teu dominan teuing, sok sanajan aya 
pangakuan, janten tiasa bae akibatna nami nami tempat oge langkung nyoko kana 
nami nami tempat anu nyunda.
  Perkawis Sunda sareng Galuh aya saena dibaca bae buku Sejarah Jawa 
Barat/Yosep Iskandar/Gegersunten/Citakan ka 7 taun 2005, kanggo 
ngabanding-banding.
   
  MSasmita
  (ngabejaan bulu tuur deui we yeuhh...)
   
   
    ----- Original Message ----- 
  From: Djakaria Purawidjaja 
  To: [email protected] 
  Sent: Wednesday, May 16, 2007 7:07 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] naskah sunda kuno / hartosna Sunda
  

      Bade ngiring ngalokan,
  Kahiji , sae pisan sagala rupi hartos perihal kecap Sunda , ku diguarna ku 
pala mitra kalayan nganggo referensi anu otentik . Sim kuring teu weleh nitenan.
  Kadua, dina pawayangan aya anu sok disebat Upasunda, naha aya kaitannana?
  Katilu, aya kecap kecap nami daerah di P Jawa sapretos Madura, Yogya jste anu 
niru niru nami di jojontor India, naha Sunda oge aya motif kitu?
  Kaopat,dina Sajarah Jawa Barat kaluaran Balai Pustaka , kasebat karajaan d 
JawaBarat teh aya dua anu sadulur, anu kadang akur anu kadang pasea, nyaeta di 
kulon Sunda di wetan Galuh. Mimiti raket sanggeus Sang Pamanahrasa ngahijikeun 
ieu wilayah.Ayeuna nuju rame carita nyambung dina Mangle.
  Sakieu heula alok tambi lumayan.
  Wass DP. 

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Nambihan....., 
  numutkeun kamus basa Sunda susunan R.A. Danadibrata ;
  dina bahasa Kawi, hartosna Sunda : Pangkat, Cai, Waspada, ngarangkep
  dina bahasa Sangsekerta, hartosna Sunda : Sinar, Terang, Bengras
  dina bahasa Jawa, hartosna Sunda : Nyusun, Ngarangkep
  hartos sanesna kecap Sunda : Gelaran Wisnu (dewa) tina kecap Sundara
   
  Mugi manfaat,
   
  ssw

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Perkawis naskah sunda kuno, seueur pisan anu teu acan di transkrip kana 
aksara laten, malah saurna rebuan keneh, anu ayeuna aya di pusnas (cobi aos 
artikel kenging kang HW di 
http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2007/052007/13/99fokus.htm ).
  Sok sanaos tos seueur anu ditarjamahkeun kana basa Sunda kiwari sareng basa 
Indonesia diantawisna : Siksakandang Karesian, Ratu Pakuan, Sewaka Darma, 
Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, Bujangga Manik, Jati Raga (aos buku 
Gambaran Kosmologi Sunda/Undang A Darsa, Edi S Ekadjati), sste
  Upami ningal buku Naskah Sunda Inventarisasi dan Pencatatan/Edi S Ekadjati 
sareng buku Koleksi Naskah Nusantara Jilid 5A (husus Jawa Barat), naskah Sunda 
teh seueur pisan.
  Upami aya maksad bade nalungtik, sae ameng we ka PSS (Pusat Studi Sunda) Jl 
Taman Kliningan II No.5 Bandung, atuh upami hoyong ningalian anu sakadarna 
mangga ameng ka sim kuring di Rumah Baca Buku Sunda di Perumahan Margawangi Jl 
Margawangi VII No.5. Bandung.
   
  Sakantena ngawaler ka Kang Arif anu naroskeun hartosna Sunda, upami numutkeun 
buku Sajarah Sunda/Ma'mun Atmamiharja/Ganaco 1958, nyebatkeun :
  dina basa Sangsekerta, Sunda (jangkar kecap Sund) teh caang, moncorong, Berg 
nyebatkeun tina kecap Suddha anu hartosna bodas.
  Dina basa Kawi hartosna cai, tumpukan, pangkat, waspada, Kitu deui upami bade 
nyandak tina buku Kasundaan Rawayan Jati/Hidayat Suryalaga/Wahana raksa Sunda 
2003, hartosna Sunda teh seueur pisan sadayana ampir sawanda sareng anu diserat 
ku Pa Ma'mun.
  Mangga bandingkeun sareng kamus Sunda-Inggris Jonathan Rigg/1862 (ieu kamus 
saurna mah bade mindo citak ku Kiblat Buku Utama), anu hartosna : ngarangkep, 
ngahiji, naek/ ngapung (tina kecap unda). Dina Kamus Sunda Danadibrata/ Kiblat/ 
2006 ge sami kitu.
   
  Ieu mah nga saukur ngabejaan bulu tuur, tamba kawaranan teuing. Aya saena 
dileukeunan milarian tina buku buku nu tos aya. Buku ngeunaan Sunda seueur 
pisan, tapi seueur keneh anu teu acan katalungtik.
   
  MSasmita
   
    From: ilham nurwansah 
   
    assalamu'alaikum.
  sampurasun!
  bade tumaros upami naskah-naskah sunda kuno anu aya di tatar sunda ayana di 
mana wae?sareng deuih ari naskah-naskah sunda teh aya sabaraha hiji anu tos 
ditarjamahkeun..?
  hatur nuhun....

  From: Arif_tea_atuh 
   
  nepangkeun, simkuring nembe ngiringan forum ieu sareng nyuhun keun bantossan 
na, da simkuring teh palay pisan teranng kana sejarah bangsa SUNDA, janten 
punten bade nyuhunkeun infona..
nami simkuring arif, lahir di bandung  ayeuna abdi teh nuju sibuk kanu teu 
jelas, 

ari maksad simkuring mah tos di sanggeum keun, nyuhun keun bantosana weh 
Hatur Nuhun 



  .
 



  http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
  



    
---------------------------------
  Pinpoint customers who are looking for what you sell.   

  

         

       
---------------------------------
Need a vacation? Get great deals to amazing places on Yahoo! Travel. 

Kirim email ke