Alaikum salam wr.wb,- Alhamdulillah sim kuring sareng rerencangan anu sami-sami ti Indonesia oge sami-sami urang Sunda, pamohalan diulem (dijemput), da puguh terang oge nembe maos surelek ieu. Acara sarupaning kitu biasana gegeden KBRI sigahna diulem ngaluuhan. Masia teh ari di Universiti anu aki tams terang mah paling teu kenging malih diharamkeun anu kasebat 'Plagiat" kitu teh. Da eta we dina satiap amaran ujian teh di kaca paling payun eusina larangan mahasiswa anu disebat plagiat tadi, upami kapendak mhs ngalakukeun sarupaning kitu, atanapi 'nyontek' , tiasa janten semester eta digantung, anu hartosna dibatalkeun. Nanging rada aneh dina prak-prakan hirup kumbuh jeung tatangga sapertos mintonkeun kasenian nagara sanes bari teu nyebatkeun yen eta seni teh anu deungeun2, dilakukeun; asa kasebelan, tojaiah sareng anu tadi, teu mere conto anu sae. Kedahna aya protes ti pihak Indonesia, dina hal ieu ti KBRI we heula cing kumaha sikap Msia dina kalakuan anu teu patut eta. Memang kuring nguping, Angklung urang oge tos dipatenkeun ku si Msia teh, sigahna bae anu sanesna oge engke kahareup sigah kitu bae. Kuring sacara pribadi ningal kasenian sorangan dipintonkeun diforum dunia, nya sukur alhamdulillah, tapi kudu jelas disebatkeun sumberna. Muga2 wae nagara sejen ngamaklum, yen eta seni teh memang seni sanes ti Msia, margi urang oge sering konser ka mancanagara. Atuh kadituna langkung sae sagala milik urang teh dipatenkeun, supados teu kajantenan sapertos nasib tempe dipatenkeun ku Jepang, atuh Angklung dipatenkeun ku Msia.
Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamualaikum wr. wb., Ping 17 Mei dijantenkeun WORLD INFORMATION SOCIETY DAY ku International Telecommunication Union (ITU). Kemis ping 17 Mei 2007 pas pribados sareng delegasi Indonesia sanesna nuju aya di Kuala Lumpur ngahadiran acara pangeling-ngeling (celebration) poe masyarakat informasi sadunya nu digagas ku ITU. Acara eta diselapan pesan video Program Desa Internet (PDI) Malaysia. Aya anu pikakeuheuleun dina tayangan video eta teh kumargi kacapi suling dijantenkeun latar padesaan di Malaysia. Bu A. S. Soeria Atmadja nu jenten pupuhu delegasi waktos harita oge sedih sareng keuheul ku tingkah polah Malaysia sapertos kitu. Wengina aya acara farewell dinner. Pribados mah henteu hadir kumargi kirang resep kana acara-acara dinner teh. Bu A. S. mah hadir. Enjingna anjeunna cacarios cenah dina acara dinner teh dipintonkeun tari Sunda kalayan anu ngibingna oge lengkep nganggo anggoan Sunda kalebet bendo. Saur anjeunna, Malaysia henteu ngumumkeun eta ibing teh milik Indonesia. Eta anu jenten sabab-musabab anjeunna tambih keuheul. Waktos bu A. S. naroskeun ka panata calagra naha Malaysia mintonkeun seni anu sanes has Malayu, diwaaler cenah eta teh mangrupi seni kontemporer di Malaysia. Deudeuh teuing Kacapi Suling, ku Endonesa henteu pernah digembar-gembor ka mancanagara, malah ku nagri deungeun dipintonkeun ka dunya internasional sabari henteu dijelaskeun yen eta teh budaya Sunda. Wassalam, Asep --------------------------------- Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows. Yahoo! Answers - Check it out. --------------------------------- Don't get soaked. Take a quick peak at the forecast with theYahoo! Search weather shortcut.