Sdrk Emod Morales,
Maca panyumpah nepika Koruptor bakal burut, ke lamun aya nu burut diprahkeun
koruptor.
Sim kuring jadi inget kana susumpahan jaman keur bolon, lamun teu dipercaya,
langsung mere sumpah anu lengkep : DAEK MEDU DAEK BUSUNG DAEL DIKOLOMOH TONGO,
Kapan mani serem tah. Ayeuna ukur kari nineungna da geus tara ngadenge deui.
Wassalam DP.
Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Keunlah kang Ndoell, kuncen di kota mah gede duitna.
Kapan di Jakarta kitu, duka dimana kungsi maca, aya Pasarean Rilestit, harga
kapling pasareanna ratusan juta. ( anu 500 rebu sukuna teu kakubur )
Jadi inget kana carita rakyat "Juragan Hajat " Beunang Kang Ibing
Aya paribasa : Malim oray, maotna dipacok oray. Malim buhaya, maotna dilegleg
buhaya. Tapi can aya Paraji maotna digegel orok.
Nu jelas mah, tukang nguburkeun, maotna dikubur....!
Emod,
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya
Maca dina Mangle minggu ieu, dina kaca 46
meunang istilah patukangan, kieu cnah :
1. Sarati : Tukang Miara gajah
2. Malim : Tukang naklukeun sasatoan
3. Kamasan : Tukang nyieun parabot tina emas
4. Panday : Tukang nyieun parabot tina beusi
5. Paledang : Tukang nyieun parabot tina tamba
6. Pakacar : Bujang atawa juru laden
7. Kuncen : Tukang ngurus kuburan
hi hi
jadi seuri sorangan, da sok ngaku Kuncen Kusnet tea..
-dul-
tukangteuing
Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
---------------------------------
You snooze, you lose. Get messages ASAP with AutoCheck
in the all-new Yahoo! Mail Beta.