Bapa DP, ari tongo teh sato kolong, tangtos ayeuna mah tos tumpur atuh? da bumi
tos teu aya kolongan? kumaha upami turunan urang naroskeun sigah kumaha eta
tongo teh? Ke ke sigahna kuring salembur yeuh sareng Bapa, di erwe sabaraha di
Astana Ayarna? Si kuring mah di erwe 02 Bojong Loa Kidul.
Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Duka tah tongona
sagede kumaha, meureun ieu mah tongo raksasa. Padahal pangalaman keur budak
lamun loba ulin di kolong imah, baheula mah loba imah anu aya kolongan kapan
sok mawa oleh oleh nya tongo tea, jeung eunteupna da tara sagawayah estuning
meureun tongo bikangna wae eta mah. Kitu pangalaman anu karandapan di kampung
Babakan Karang Singaparna jeung Tawangsari Tasikmalaya, pangalaman di Bandung
di Astana Anyar,jrrd tara ulin deui ka kolong imah, iwal ti lamun kabagean
ngaronda nguriling saerwe.
Wass DP.
Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sdrk Djakaria Purawidjaja,
Nya panginten nu BURUT ulah wani-wani korupsi bisi BURUT kuadrat, upami nu
burut na salelembur eta mah panyumpah ti Kang Syam Ridwan.
Daek Medu, Daek Busung, Daek Pecak, Wani Tumpur, mun kuring ka lembur sok
ngadangu keneh. Tapi ari Daek Dikolomoh Tongo, sagede kumaha tongona ?
Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sdrk Emod Morales,
Maca panyumpah nepika Koruptor bakal burut, ke lamun aya nu burut diprahkeun
koruptor.
Sim kuring jadi inget kana susumpahan jaman keur bolon, lamun teu dipercaya,
langsung mere sumpah anu lengkep : DAEK MEDU DAEK BUSUNG DAEL DIKOLOMOH TONGO,
Kapan mani serem tah. Ayeuna ukur kari nineungna da geus tara ngadenge deui.
Wassalam DP.
Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Keunlah kang Ndoell, kuncen di kota mah gede duitna.
Kapan di Jakarta kitu, duka dimana kungsi maca, aya Pasarean Rilestit, harga
kapling pasareanna ratusan juta. ( anu 500 rebu sukuna teu kakubur )
Jadi inget kana carita rakyat "Juragan Hajat " Beunang Kang Ibing
Aya paribasa : Malim oray, maotna dipacok oray. Malim buhaya, maotna dilegleg
buhaya. Tapi can aya Paraji maotna digegel orok.
Nu jelas mah, tukang nguburkeun, maotna dikubur....!
Emod,
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya
Maca dina Mangle minggu ieu, dina kaca 46
meunang istilah patukangan, kieu cnah :
1. Sarati : Tukang Miara gajah
2. Malim : Tukang naklukeun sasatoan
3. Kamasan : Tukang nyieun parabot tina emas
4. Panday : Tukang nyieun parabot tina beusi
5. Paledang : Tukang nyieun parabot tina tamba
6. Pakacar : Bujang atawa juru laden
7. Kuncen : Tukang ngurus kuburan
hi hi
jadi seuri sorangan, da sok ngaku Kuncen Kusnet tea..
-dul-
tukangteuing
Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
---------------------------------
You snooze, you lose. Get messages ASAP with AutoCheck
in the all-new Yahoo! Mail Beta.
Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
---------------------------------
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!
---------------------------------
Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel
and lay it on us.
---------------------------------
Park yourself in front of a world of choices in alternative vehicles.
Visit the Yahoo! Auto Green Center.