Dear,

satujuh,.... bener uing ge pusing masa hareup....!!!!




  ----- Original Message ----- 
  From: ndoell 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, June 06, 2007 12:40 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Neda bantosan


  Digawe ---> Meunang Gajih ----> Kabutuh kacumponan
  Teu Digawe ---> Teu meunang Gajih ----> Kabutuh teu kacumponan

  Tapi... najan geus digawe oge, pangabutuh teu bisa kacumponan kabeh. 
  Cukup keur ieu, kurang keur itu. Nutupan nu ieu, nu beh ditu
  gorowong keneh...

  Komo deui mun urang teu digawe nya ?
  Rek meunang gajih timana ? kumaha diimah ?
  keur mayar kontrakan, keur mayar cicilan, keur mayar listrik,
  keur mayar itu inih...komo keur meuli susu barudak ?

  Mun kolot boh mitoha beunghar tea, teu pusing teuing.
  namprakkeun we dampal leungeun ge, teu burung dibere...
  tapi nepi ka iraha ?

  Meungpeung digarawe keneh, meungpeung kuat keneh, ti ayeuna..
  hayu diajar arusaha, meh dina mangsa euweuh gawe teh masih keneh
  bisa nyumponan kabutuh. Tong kamalinaan, komo jeung make
  "kumaha engke" ...

  Hudaaaang !

  -dul-

  --- In urangsunda@yahoogroups.com, "kang boim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Haturan kang Kamal....,
  > puguh geuning ampir sami nasib teh...abdi keur lampu koneng 
  cenah...hehehe.
  > mudah-mudahan urang sadaya dipaparin jalan anu sae mungguh Allah SWT
  > pikeun lumampah kahareupna...sareng dibukakeun panto rizki pikeun
  > urang sadaya....amin.
  > 
  > nuhun,
  > 
  > "kkbm'69"
  > -sok derr...ah...!!! kabaraya anu kagungan info padaelan mah alungkeun
  > saja ka babakan...saha nu terang manfaat pikeun balarea.
  >



   

Kirim email ke