Alhamdulillah...tah geuning nambihan hiji deui pi-Doktor-eun di Kusnet teh... Wilujeng Mang, mugi sing lungsur-langsar teu aya halangan harungan. Heuheu...kacipta pami semesteran dibayar ku pare atanapi kalapa, kedah nanggung panginten ti Ciamis, wios seueur balad pan di Kusnet teh... Meungpeung nuju awis lisah sawit digentos we ku lisah keletik Mang, ciganamah dugi tah ka wisuda... :D
ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 06/15/07 11:00AM >>> Ngan can sugema pisan, sabab beasiswana (bpps cara keur s2 kamari) can aya pengumuman. Cenah pertengahan agustus. Tapi daptar ulang awal agustus. Jaba pangulinan teu boga anggaran taun ieu pikeun nalangan. Hadena aya imah di antapani. Kontrakanana pikeun spp awal. Itebe ayeuna mah model suwasta (cap bhmn tea), aya uang kuliah tetap, 3,5jt/semester, jeung uang SKS, sa SKS Rp 350 rebu. Baheula mah lempeng we. Mayar sakitu rebu keur sasamesteren. Ke urang tanya, kaci teu ku pare atawa kalapa. Haha.

