Punten yeuh aya anu ngaganjel..., aya anu tiasa ngajelaskeun...??
Perkawis "Bunisora Suradipati" atanapi pamanna Prabu Wastukancana,
upami teu lepat mah anjeuna "mandita" pisan, janten dina versi anu kapendak
eta "Bunisora Suradipati" teu kacarioskeun kagungan turunan.
Malih waktos pangeran Wastukancana dikantun pupus ku ramana alatan perlaya
di Bubat, pangeran Wastukancana dirorok ku Bunisora Suradipati, malih mah
salami salapan taun Bunisora janten Walinagara dugika pangeran Wastukancana
cekap yuswa kanggo diistrenan janten narpati.
ssw
mj [EMAIL PROTECTED]
Ieu kenging niron tina buku kang Joseph Iskandar deui. Perkawis luluhur
sribaduga maharaja, pendiri karajaan pajajaran. Raja pajajaran pangbadagna.
Namina dijantenkeun nami museum negeri jawa barat, di wewengkon Largefield
(tegallega) bdg
http://cikundul3.multiply.com
Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda