Yeuuuuh Teh Ipon..(bari nepak, tuluy emok..) jadi urang teh kudu nempokeun nya ? nyaan kudu ditempokeun ? Enya ? isin ah..
hi hi.. -dul- --- In [email protected], "mojang_akank" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Kang jay, yeuuh...( bari metakeun ) mun rahayat teu mikiran harga > kabutuhan nu naraek, atuh ngeungeunaheun wawakil rakyat di DPR. Mun > rahayat teu nempokeun kasusahna harga2 kabutuhan, wawakil DPR moal > mikir2. Moal timbul hati nurani mun ceuk basa gaulna mah.... > heuheuheu > > > Neng Iva > > --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote: > > > > "Jay !" > > "Hmmm.." > > "Gelo euy !" > > "Saha ?" > > "Lain saha, ieu berita na koran..." > > "Naha kitu ?" > > "Asa kuteungteuingeun, harga kabutuhan sapopoe teh beuki > > tingterekel.." > > "Maenya ?" > > "Enya...komo minyak goreng mah, jaba euweuh...jaba hargana naek.." > > "Bae atuh" > > "Bae kumaha ari maneh, meni teu mikir pisan ?" > > "Ari geus, kudu kumaha atuh ?" > > "Nya pan pikirkeuneun ieu teh?" > > "Memangna, mun dipikiran, tuluy eta harga-harga bakal turun ?" > > "Nya henteu sih.." > > "Mun henteu mah, naha atuh bet kacape-cape mikir ?" > > "Nya sahenteu-na atuh urang teh kudu mikiran sangkan > > harga kabutuhan sapopoe teh teu nalaktak jiga kieu.." > > "Ah, ceuk uing ge keun bae. Tong dipikiran, bisi gering !" > > "Ih maneh mah..." > > "Yeuh Dul, nu kudu mikiran teh sabenerna mah wawakil urang. > > para anggota Dewan, boh di DPR Pusat boh di DPRD..." > > "Owh kitu ?" > > "Nya heueuh ! apan diangkat jaradi anggota DPR teh pikeun > > jadi wawakil rahayat, ngawakilan urang, geus jadi kawajibanana > > pikeun mikiran pasualan rahayat leutik, neangan solusi-na > > keur narekahan sagala nu tumiba ka rahayat leutik.." > > "Adooooh....meni gaya euy maneh nyaritana ayeuna mah" > > "Gaul atuh Dul, maca koran meh nambah wawasan. Meh beunta > > pikiran teh, ulah kurung batokeun." > > "Tapi Jay, naha atuh najan aya DPR ge, rahayat mah angger > > hirupna seuseut ?" > > "Puguh anggota DPR teh loba nu goblog" > > "Goblog kumaha Jay ? apan maranehna teh jelma palinter ?" > > "Nu disebut jelma pinter mah biasana ge dukun.." > > "Ari kitu ? goblog kumaha ?" > > "Goblog teh hartina logor. Logor teh gede teuing, teu meujeuhna. > > Cik, mun maneh make papakean logor, pantes teu ?" > > "Henteu.." > > "Matakna, Loba anggota DPR anu teu pantes jadi wawakil urang > > sabab eusi uteukna ngan saukur mikiran peujitna sorangan bae. > > Mun DPR-na balener digawena mah, moal aya nu mahasiswa demo teh. > > moal aya karyawan nu demo, moal aya supir beus mogok .." > > "Ari kitu, gawena DPR teh naon atuh ?" > > "Nya teuing atuh..da nu katempo mah rapat jeung rapat bae > geuning.." > > "Heueuh Jay, uing kungsi lalajo na tipi, geuning keur rapat DPR > > teh lolobana mah kalah ngobrol, aya nu udud, aya nu nundutan.." > > "Enya kitu, nu ngorong ge da aya..." > > "Ah maenya..?" > > "Enya, mun teu percaya, sok we tempo kolong meja di ruang rapat > DPR, > > pasti karadak da sok dilodet-lodetkeun kana handapeun meja" > > "Ah maenya nepi ka kitu ah... ?" > > "Naha bet maenya ? heueuh pan anggota DPR ge baroga irung. " > > "Ih geuleuh atuh..." > > "Puguh we geuleuh dan korong batur, mun korong sorangan mah henteu" > > "Maneh mah, mun ngobrol naon bae teh, tungtungna teh teu jauh > > tina nyaritakeun korong ih!" > > "Bae atuh ih .." > > "Geus ah.." > > > > > > > > -dul- > > tukangteuing > > >

