Sae atuh aya nu bade ngabelaan titingal karuhun teh, da sigana 
pangna kitu ge meureun kesalahan ti urang-urang keneh loba anu 
ngahare-harekeun kana budaya karuhun sigana teh meni alim we nyabak-
nyabak acan ge palebah rek di hak paten ku batur kakara raribut. Ari 
kana budaya batur meni siga kanu sorangan nepi ka dikeukeuweuk.
Kanu bade ngabelaan mugi sing lancar dina sagalana, hatur nuhun 
parantos tiasa bumela kana warisan ti karuhun. 

Hatur nuhun,

 
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Tah geuning.... Kang Asep, teu burung we aya nu ngusahakeun 
ngabelaan warisan karuhun teh...Alhamdulillah, ngiring bingah.
> Da sagala rupi ge kedah diurus kunu ngartos sareng ahlina. 
Panginten, Teh Sofi milari balad di Kusnet kanggo ngusahakeun HAKI 
teh sanes teu diwararo tapi teu ngalartoseun, kalebet abdi heheh...
> Mugi ngamaklum Teh Sofy nyaaa...  ;)
> Abdi mah mung saukur sambung du'a sareng ningali/ngadangu inpo ti 
katebihan, mugi sing digampilkeun & dilancarkeun kana aras-
urusna...Amin. 
> 
> ro2
> 
> >>> [EMAIL PROTECTED] 06/25/07 10:12AM >>>
> Alhamdulillah upami pa Ahmad Ramli gaduh komitmen anu sakitu sae 
na mah. 
> 
> Pa ahmad Ramli, manten staf ahli menteri bidang hukum Depkominfo 
sareng manten anggota komisi Badan Regulasi Telekomunikasi 
Indonesia, ayeuna tos ngalih ka Depkumham anu gaduh pancen patali 
sareng haki. Mudah-mudahan anjeunna tiasa lungsur-langsar ngabela 
warisan karuhun.
> 
> Wassalam,
>


Kirim email ke