Kumaha Damang Baraya?
   
  India?
  Hmmm.....India teh nagara anu warna-warni sarupaning jeung Indonesia, ngan 
India sigana aya leuwih ti Indonesia. Demokrasi, jalanna geus panjang, mun 
manusa mah geus dewasa. Nu paling narik hate kruring mah budayana. 
  Pohara pisan loba ragamna, anu katilik ku kuring mah dina sastra.
  Salian ti Ramayana, anu ceuk si akang tos di sebat, oge Mahabharata anu 
pohara pisan hebatna. Kaurawa jeung Pandawa, simbolisasi manusa di bumi. Cenah 
ceuk ilmuwan "luar nagreg" leuwih kolot, leuwih "heboh", leuwih panjang ti 
Oddesy jeung Illyad (kumaha nulisna nya?). Mahabharata....hebat pisan ieu 
carita teh sigana hiji-hijina carita kuno di wetan anu seueur falsafahna, di 
topang ku Bhagavadgita, seueur pupurieunana.
   
  Salian ti jajahan Inggris anu teu pelit dina ngadidik warga jajahan (teu cara 
Walanda anu ngadu domba, "devide et impera"), seueur urang India anu 
  berhasil dina Sastra : Jhumpa Lahiri, Salman Rushdie(he..he..), Arundhati 
Roy, VS Naipaul, jrr. Jeung bahasana Inggirs boo...teu hese jauh-jauh deukeut 
ka bahasa Internasional. Ari bahasa Walanda? Sabaraha hiji kolot urang anu bisa 
Bahasa Walanda?
  India, oge salah sahiji kiblat buku jeung kasusatraan, duh mun Indonesia jiga 
kieu nya? Resep!
   
  Dede Sahman
  lain Salman Khan atawa Salman Rushdie.....
  Asli ti sunda!
  
dini harmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
          Hatur nuhun ... 

=),
dini harmita

Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:      Mugia eneng ditangtayungan ku nu 
Maha Kawasa tiasa ngenginkeun eta beasiswa S2. Mugia tiasa junun sareng kengin 
hasil anu sae. Amin.

Ditambihan du'a na, mudah-mudahan oge eneng kenging jodo urang India anu jiga 
Amitab Bachan atanapi jiga Shahruk Kan. Amin



dini harmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Hua ... abdi nuju deg-degan yeuh (eh, biasa wae ketang ...) ngantosan 
telpon ti kedutaan India ngeunaan beasiswa S2 nu abdi ajukeun Januari 2007, 
saur Mba Tati ti kedutaan, Juni ieu ditelponna. Tapi da mugi-mugi tos sareh 
abdi mah. Sabtu kamari abdi meser Buku 'Tata Bahasa Hindi' karya Preeta Vyas, 
aya seueur 'vocab' anu sami atanapi mirip sareng Basa Sunda&Indonesia ... salah 
sahijina 'guruji'.

Nuhun, oleh-oleh nu informatif ngeunaan India ...
=),
dini harmita

totong usman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      
    Jiga-na lamun urang sunda jeung bangsa lain(nepi ka india) lamun 
ditaleuntik jeung diprakeun sapopoe
  Jigana gampang hubungan diplomasi jeung tatangga nagri teh teu kudu make 
bahasa inggris sagala,
  Jiga-na ieu mah pasti aya pakuat-pakaitna eta bahasa di daerah “Sunda Land” 
the
   
  *Sunda land=paparan sunda=daratan ti mimiti bali jawa Kalimantan nepi ka 
deukat india(bahasa geologi)
   






Asep
  
  
---------------------------------
  Choose the right car based on your needs. Check out Yahoo! Autos new Car 
Finder tool.   


    
---------------------------------
  Don't be flakey. Get Yahoo! Mail for Mobile and 
always stay connected to friends.  

         


Website :
http://jatigede.bravehost.com/
 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Reply via email to