Sanes ngewa panginten, eta mah sikap bakat ku nyaah 
tapi teu walakaya. Da kumaha atuh :-(
malah, abdi mah ngalaman pisan teu pupuguh dipariksa 
ku pulisi pedah nulis artikel pendidikan jeung 
wartawan amplop anu ngabadeg ka sakola ngadon 
namprak ka kepsek! Untung dibui oge! 


--- In [email protected], "Doddy Achadiat" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Hmm...meni seueur nu ngewa ka pulisi nya di milis 
ieu teh....
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Roro Rohmah 
>   To: [email protected] 
>   Sent: Tuesday, June 26, 2007 11:39 AM
>   Subject: [Urang Sunda] Re: Pulisi jujur jeung 
amanah
> 
> 
> 
>   Pulisi (Seri Hidayah)
> 
>   Aya  pangsiunan Polantas maot. Nu ngurus mayitna 
teh bingungeun, da leungeun mayit teh jegjreg, 
ramakah teu bisa disidakepkeun sakumaha ilaharna 
mayit nu rek dibulen ku boeh. Nu ngurus mayit 
panasaran, manehna ngetrukkeun jajampean 
sabisa-bisa. Angger leungeun mayit teu bisa 
disidakepkeun, manehna ngabejakeun masalah ieu (bari 
haharewosan) ka Ajengan nu dipikolot di wewengkon 
eta. 
> 
>   Ku Ajengan masalah ieu ditanyakeun ka kulawarga 
si mayit, kunaon pangna mayit teh bisa kitu? Boga 
dosa naon salila manehna hirup di alam dunya?
>   Pamajikanana nembalan bari cumalimba,"Kieu Mama 
Ajengan, waktos jenatna masih keneh dines, anjeuna 
teh sok nilangan jalmi nu teu tuah teu dosa. 
Sakapeung anjeuna sok nyumput dinu buni, ngadodoho 
batur nu "melanggar lalulintas". ujug-ujug,
"Priiiiiitttt.Wayaaaah! Beunang siah! (jero hate 
manehna). Tah, motor teh euweuh pentilan! Spionna 
mana?! Pokonamah dikodekan pitilangeun teh..". 
> 
>   Ajengan unggut-unggutan, manehna ngartieun. Der, 
sakali deui manehna ngadua nu bener-bener ka Gusti 
Nu Maha Suci. Beres ngadua manehna menta duit ka 
pamajikan si mayit. Pamajikakanana kerung da teu 
ngartieun, bari golosor..manehna mere duit Rp. 5.000 
ka Ajengan. Duit ditampa ku Ajengan, bari terus 
diteundeun dina dampal leungeun si mayit. Leungeun 
mayit angger jegjreg, ramakah.
> 
>   Keur kadua kalina, Ajengan menta deui ka 
pamajikan si mayit Rp. 10.000,- diteundeun deui dina 
dampal leungeun si mayit. Angger, teu daekeun. 
Katilu kalina Ajengan ngenta duit Rp. 20.000,- ka 
pamajikan si mayit.bari ngagerentes jero hate," 
Nista, maja, utama.ma'nya ieu mayit masih keneh teu 
beukieun duit duapuluh rebu?!" Bari neundeun eta 
duit nu Rp. 20.000,- dina dampal leungeun si mayit. 
Sakedet netra, dampal lengeun mayit nutup sorangan, 
ngepeul eta duit!!! Jeung deuih ujug-ujug leungeun 
bisa disidakepkeun ku Ajengan.
> 
> 
>   Hehehe...punten kanggo baraya nu kantos ngadangu 
dongeng ieu .da, pami dibilang mah dongeng pulisi 
teh seueur pisan "picarioseunnana" boh nu sae komo 
nu awonna mah.
> 
>   ro2
>


Kirim email ke