Cikal Nakal
     
Cikal teh sarua jeung mimiti atawa kahiji, lamun ninggang kana kocap “Budak 
Cikal” hartina budak anu kahiji. Aya deui babasaan ceunah Cikal mah Nakal, 
jigana kocap Cikal Nakal didieu ngagambarkeun kocap Licik, Sarakah atawa 
‘maruk’.  Tapi da teu sakabeh anu cikal nakal, loba anu cikal bageur, ngan duka 
kunaon diurang mah geus umum ceunah cikal mah biasana sok nakal, meureunan 
pedah loba contona anu enggeus-enggeus.
   
  Kocap Cikal Nakal biasana mucunghul mun aya pamasalahan, contona dina raraga 
bagi warisan. Teu saeutik si Cikal sok hayang panggedena meunang bagean 
warisan. Kajeun teuing ngarumpak hukum waris anu penting bageana leuwih gede 
batan dulur anu sejen.
   
  Kukituna aya sabagean kolot anu geus ngabagi-bagi harta banda ka budakna, 
padahal kolot masih aya dikieuna. Manakitu oge kolot teh loba kainggis bisi 
jaganing geto barudakna raribut parebut warisan.
   
  Punten kanu ngaraos Cikal, da Cikal di Bakus, Millis Tasik, oge Millis 
Kuningan mah Cikalna Insya Allah Cikal Bageur.
   
  Cag
  Kebo Hideung - Kawalu Tasikmalaya
 
  
                
---------------------------------
 Yahoo! Movies - Search movie info and celeb profiles and photos.

Kirim email ke