Kang Kebo, abdi gé cikal, asa kasigeung yeuh*heheh*heureuy kétang!
Cikal = nya licik, nya nakal.
Pantes disebat kitu ogé, da rumaos sok ngalicikan & nganakalan nu janten rai 
heheh*ieu aya panalungtikan ngeunaan budak cikal*Punten sanés asa aing cikal 
nyaa*da ieu mah mung saukur artikel, leres henteunama, nyanggakeun.

Budak cikal boga IQ leuwih punjul?

Kudu sugema mun digubragkeun ka alam dunya jadi budak cikal. Naha? Nurutkeun 
hiji panalungtikan nu digawéan ku panalungtik ti Norwegia, manusa nu 
dilahirkeun jadi budak cikal di kulawargana bakal boga IQ leuwih luhur 
dibandingkeun jeung dulur-dulurna nu sahandapeunana.

Panalungtikan nu diiluan ku 250 réwu jelema ieu ngalaporkeun yén pamilon nu 
dilahirkeun jadi budak cikal meunang peunteun alus pisan dina tes kacerdasan nu 
dibéré ku panalungtik. "Panalungtikan ieu bisa meunggaskeun pamanggih nu mang 
taun-taun geus dipercaya ku loba ahli yén urutan (Sundana?) kalahiran sama 
sakali teu mangaruhan kana kacerdasan jeung ngahontal prestasi," ceuk jurnal 
Science.

Professor Petter Kristensen, pupuhu panalungtik ngébréhkeun yén loba sababna IQ 
budak cikal leuwih luhur tibatan dulur-dulur nu séjénna. "Budak cikal biasana 
meunang perhatian indung bapana ti orok beureum kénéh. Salian ti éta bédana IQ 
ieu gé alatan basa utun inji ngagedéan dina beuteung nu jadi indungna, jeung 
kakandungan nu satuluyna, indungna téh ngahasilkeun antibodi nu bisa ngarusksak 
otak si utun," ceuk manéhna.

Frank Sulloway, ti Institut Penelitian Sosial jeung Psikiatri di University of 
California, ngarojong hasil panalungtikan nu dilakonan ku Prof. Petter. Malah 
mah Frank ogé kungsi ngalakonan panalungtikan ngeunaan hubungan pola asuh, 
kepribadian jeung kacerdasan.

Ka koran Inggris, The Daily Telegraph, manéhna nyarita yén IQ nu leuwih luhur  
di budak cikal bisa kahontal alatan maranéhna ngajarkeun hiji masalah ka 
adi-adina. "Jeung tambahanana, lolobana barudak cikal meunang tempat nu alus 
keur kolot maranéhna, heug deuih ngalakonan jadi lanceuk nu asak mikir, 
disiplin, ngajéntrékeun oge kunaon pangna budak cikal IQ na leuwih luhur," ceuk 
Frank (bari heuay*heheh* )

Mugia mangpaat,
Kenging niron ti www.connectique.com
ro2


>>> [EMAIL PROTECTED] 07/05/07 09:49AM >>>

Punten kanu ngaraos Cikal, da Cikal di Bakus, Millis Tasik, oge Millis Kuningan 
mah Cikalna Insya Allah Cikal Bageur.

Cag
Kebo Hideung - Kawalu Tasikmalaya

Reply via email to