Aya disabudereun urang, tapi urang pura-pura teu apal

Wallahu a'lam bishShawab

 

Infopalestina-Al Sahl Lish Shahafah Wal I'lam: Ieu teh dongeng ngeunaan  
saurang siswi di hiji sakola putri di Palestina. Poe eta dewan sakola kumpul 
sakumaha biasana. Di antara kaputusan jeung rekomendasi anu dikaluarkeunn dewan 
dina pakumpulan eta nyaeta pamariksaan ngadadak (sidak) pikeun siswi di jero 
aula. Jeung inyana, dijieun weh tim khusus pikeun ngalakukeun pamariksaan bari 
saterusna dipigawe. Geus tangtu, pamariksaan dilakukan ka sagala hal anu 
ngalarang asupna di lingkungan sakola siga hand phone anu aya kamera-an, 
foto-foto, gambar-gambar jeung surat-surat cinta atawa ni lianna.

 

Kaamanan dina eta wanci mungguh taya parobahan estu normal jeung stabil, 
kondisina tenang pisan. Para siswi narima parentah ieu ku hate anu leah. Der 
weh tim pamariksa ngamimitian ngajalajah sakabeh ruangan jeung aula wangun 
anteb naker. Kaluar ti eta ruangan asup ka ruangan sejenna. Mukaan tas-tas para 
siswi di harepeun maranehna. Sakabeh tas kosong iwal ti ngan eusi buku-buku 
wungkul, pena jeung paralatan kapereluan kuliah sejenna. Tepika akhirnya 
pamariksaan rengse di sabudereun ruangan iwal ti sesa hiji ruangan. Didieu 
pisan mimiti kajadian teh. Naha naon sabenerna anu kajadian ???

 

 

Tim pamariksa asup ka ruangan ieu bari salse naker sakumaha biasana. Tim menta 
idin ka para siswi pikeun mariksa tas-tas maranehna.

 

Wanci harita di tungtung ruangan aya saurang siswi nu diuk bangun teu merenah. 
Manehna  mencrong ka tim pamariksa ku pelong nu teu anteb dibarung ku cimata nu 
nyalangkrung, sedengkeun lengeunna tipepereket nyepeng tas milikna. Pencrongna 
beuki sekeut ka tim pamariksa ku laratan pamariksaan mingkin dekeut ka manehna. 
Naha naon atuh anu disumputkeun dina tas manehna??

 

Tim pamariksa mingkin dekeut wae ka manehna, tim pamariksa anjog ka siswi 
harepeun manehna, manehna beuki elekesekeng teu puguh rasa, jeung beuki pageuh 
ngangkeup tas milikna. Saolah manehna ngomong, demi Allah maranehna moal bisa 
muka tas kula. Waktu teu burung cunduk, giliran manehna anu dipariksa tas na.

 

Sok geura buka tas na anaking, ceuk saurang guru anggota tim pamariksa. Si 
budak teu langsung muka tas na. manehna mencrong si ibu anu ngajega diharepeuna 
bari teu lemek dibarung ku nangkeup tas kana dadana. Sok kadiekeun tas na 
anaking, ceuk si ibu teu weleh someah darehdeh. Tapi ku teu nyangka, budak teh 
ujug-ujug ngoceak: ulaah..ulaahh…ulaahh…!!!!

 

Jeritan eta budak ngabalukareun tim pamariksa sejenna ngareret ka manehna 
ditungtungan ku pahibutna nyalamperkeun eta budak siswi. Tepika rame pa adu 
tanaga: kadiekeun … ulah … kadiekeun … ulah …!!!

 

Naha naon atuh anu sabenerna disumputkeun dina tas eta budak siswi teh???

 

Saterusna adegan tarung lengeun marebutkeun tas teu bisa di singkahan, manan 
lesot malah pageuh dina cekelan budak  siswi eta. Siswi nu lianna nepika 
sawaneun ningali pamandangan siga kitu teh, panon ti unggal jalma manco kana 
kajadian ieu bangun harege-eun. Saurang dosen nangtung bari seug nutupan biwir 
si budak siswi tea. Sakedapan ruangan jadi rehe simpe, sakur nu aya didinya teu 
lemek teu nyarek estu sepi jempling. Ya Ilahi, naon atuh sabenerna anu aya dina 
jeroning tas milik budak etateh?. Naha bener yen si Fulanah (budak siswi eta) 
teh nyumputkeun………………..??? ….

 

Sanggeus dilakukeun musyawarah, akhirna tim pamariksa mupakat pikeun mawa eta 
budak siswi eta jeung tas na ka kantor, keur nlungktik pamariksaan anu moal 
pamohalan ngabutuhkeun waktu anu rada lila …

 

Siswi tadi asup ka kantor bari teu weleh dibarung cipanon anu nyurulung lir 
cihujan. Teteupna nguriling ka sabudereun arah mencrong ka kabeh nu hadir di 
eta ruangan ku teteup anu pinuh ku kacua jeung kageleuh. Sabab maranehna nu 
bakal nyingkabkeun gorehelna rusiah dirina di harepeun jalma loba. Ketua tim 
pamariksa marentah budak siswi eta sangkan diuk jeung nenangkeun diri. Antukna 
manehna tenang oge. Disambung ku rector ku patanyaan, naon sabenerna anu di 
sumputkeun dina tas eta budak siswi teh….?

 

Di dieu, dina wanci anu pait peheur jeung kacida beurat na, manehna muka tas 
anu salila lila di kekeweuk teu lesot. Ya Ilahi, naon atuh nu aya dina eta tas 
??? Lain….lain…. Geuning taya hiji oge barang anu dilarang katut jadi 
kacurigaan dina jero tas na teh. Taya banda haram, taya handphone kamera, 
gambar atawa foto-foto, komo deui surat cinta mah. Demi Allah, teu aya nu matak 
uruy di jero tas teh iwal ti potongan sesa-sesa roti, enyaan, ngan eta wungkul 
!!!.

 

Sanggeus ditanya ngeunaan sesa dahareun (roti) nu aya dina tas na, si budak 
siswi antukna ngajentrekeun bari teu wudu rada seunggah, katempo narik napas 
panjang naker samemeh cacarita teh.

 

“Ieu nyaeta sesa roti sarapan para siswi didieu, anu masih sesa sapotong 
atanapi saparapatna dina bungkusna, ku abdi dikumpulkeun disarengan sabagianna 
di tuang ku abdi. Sesana ku abdi dicandak uwih sanggakeneun ka kulawargi abdi 
du bumi …Muhun, kanggo pun biang, sareng saderek-saderek anu ay adi 
bumi..supados aranjeunna tiasa tuang dina waktos siang sareng wengi. Abdi 
sareng kulawargi kalebet kulawargi miskin, teu kagungan sasaha deui anu tiasa 
dipuntangan tulung. Kulawargi abdi sanes sasaha da memangna taya anu naros 
ngeunaan abdi sareng kulawargi abdi. Alesan abdi nyaram muka tas, supados abdi 
teu isin dipayuneun rerencangan abdi”

 

Saterusna hing weh si budak teh ceurik meni balilihan. Sakumna anu nyakseni 
pangakuan ieu budak siswi taya nu teu kagagas, kabeh nu aya didinya ngarumbay 
cipanon netelakeun kaduhungna kana kalakuan maksa ka budak eta supaya 
ngagorehelkeun rusiah anu salama eta di pendem.

 

Ieu teh salah sahiji tina kajadian-kajadian anu teu ka itung lobana di 
Palestina. Jeung teu pamohalana mun kajadian sarupa oge ay adi urang, dina 
jeroning kahirupan urang enggoning nyakseni katatanggaan. Urang teu nyaho, 
mereun salama ieu urang teu nolih ka maranehna. Pidu’a jeung leahna hate urang, 
sahenteuna bisa ngaringankeun bangbaluh anu nimpa maranehna, hayu urang 
rereongan sauyunan ngangkat darajat kapeurih jeung kasedih maranehna jadi 
kagumbira tur kebek ku kanyaah lan babarayaan.

Khususna keur dulur-dulur urang di Palestina anu tepika ayeuna masih keneh di 
doja di rogahala ku jajahan Zionis Israel (seto)

 

 


-----------------------------------------
This e-mail (including any file attachment) contains confidential
information and/or may also be legally privileged. It is intended
solely for the use of the named addressees and any unauthorized
dissemination or use by any other person or entity is strictly
prohibited. If you are not the intended recipient you should not
transmit, copy, print, disclose or otherwise make use of and/or
place any reliance on this e-mail and its contents. If you have
received this e-mail in error, you should immediately notify the
sender by return e-mail and delete all copies from your system. The
views, opinion or advice as may be contained herein are those of
the sending individual and do not necessary represent that of SABIC
or bind SABIC. E-mails can be corrupted, altered or falsified and
SABIC shall not be liable for any alteration or falsification on
this e-mail.

Kirim email ke