hatur nuhun teh herni,
kuring kaasup nu resep ka sajarah. resep ngalieukan ka tukang ;) sugan we
nimu eunteung nu ningalikeun korodokna beungeut meh gampang ngaberesihanna.

teh, ieu mah rek babagi pamikiran bae. estuning cekeng wungkul.
cek kuring, 'sajarah nu kajadian sabenerna' mah euweuh. nu aya ukur
tapsiran-tapsiran tina bukti-bukti sajarah nu (geus) katimu. sajarahwan bisa
dipapandekeun jeung ahli tapsir alkitab kaagamaan. kumaha jadina sajarah
tergantung timana sajarahwan nyokot angel (alah sudut pandang ieu mah lain
ganjel beuheung haha--sundana?). hiji kajadian, bisa jadi sababaraha versi
sajarah. (tong boroning sajarah baheula nu pelakuna geus teu bisa ditanya.
dalah kajadian kamari oge bisa jadi sababaraha carita nu patojaiah.  kumaha
bae, kajadian di alastlogo.) nu mana nu bener? nya pakuat-kuat argumen jeung
data-data nu ngadukung we eta mah.

misalkeun, perang bubat. kajadian ieu aya dina Pararaton, Kidung Sunda,
Carita Parahyangan, jeung naskah Wangsakerta. tapi euweuh dina naskah
Nagarakertagama atawa Desawarnana-na Mpu Prapanca. jeung nu ngangkat perang
bubat salaku sajarah (karak) urang jawa barat wungkul (cmiiw!). ti luar mah
komo aya nu teu narima sagala. nu mana nu bener? nepi ka ayeuna belah mana
bubat-na oge can jelas.

keur kuring kajadian ieu kudu sageuwatna ditembreskeun sajelas-jelasna.
sangkan dosa babad nu nyababkeun ruksakna karukunan dua tatangga bisa
dileungitkeun sapisan. kuring teu pati satuju lamun ku alesan ngajaga
karukunan, 'gelut' ngeunaan perang bubat ieu kudu dieureunan.

memang hal ieu bagean ahlina. tapi keun wae meureun lamun kuring sakali-kali
ngarewong ;)

dh

On 7/15/07, herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Mangga manawi kersa maos,
seratan kenging mulungan ti manda mendi duka teuing!!!!!!!!!!!!!!!
Sanes bade muka deui  topik anu tos ditutup.
Kang Asep hapunten he...he...




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke