HE..he...he...memang kedah aya "gencatan senjata" PTN
sareng PTS.
Baheula mah, asana teu jadi masalah, atawa teu
kapikiran perkara siga kieu.

Pamarentah oge sih, anu jadi sabab musabab perkara
ieu.
Mun teu lepat mah, jaman kakarek sababaraha PTN jadi
BHMN, ngusulkeun sangkan pamarentah ngucurkeun dana ku
cara sistem "Block grand". Dimana pamarentah boga
kawajiban ngabiayaan  hiji mahasiswa S1 reguler
sagemblengna. Contona, lamun hiji mahasiswa sataunna
perlu waragad 16 juta juta, dikalikeun jumlah
mahasiswa anu aya di PTN. Tah, eta kawajiban
pamarentah pikeun ngawaragadan PTN. Tapi kanyataanana,
pan pamarentah ngan sanggup mere gajih keur para dosen
jeung pagawe administratif anu PNS wae, nya kapaksa
atuh PTN teh neangan beaya tambahan, ku cara muka
program diploma,ekstensi, pascasarjana anu
"marketable".

Di hiji PTN atawa antara PTN oge 'rebutan' muka
jurusan ieu, jadi rame. Contona wae di FISIP muka
jurusan anu memper-memper kana widang ekonomi, puguh
wae atuh Fakultas Ekonomi oge "sewot". Anu leuwih
cilaka deui, di tingkat rektorat, lamun aya pejabat
anu "ngutak-ngatik" kana soal program/jurusan di
Fakultas, sok dimusuhan ku para birokrat di lingkungan
fakultas. 
Baheula Jurusan Administrasi FISIP, rek misahkeun
maneh jadi Fakultas, jiga di UNIBRAW, tapi teu jadi.
Ceuk cenah salah sahiji hambatanana teh kusabab,
birokrat di Fakultas Ekonomi teu satuju, sabab bisa
jadi saingan, pikeun neangan calon mahasiswa. 


baktos,

mrachmatrawyani

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> 
> hehe, di aptisi jabar banten, asosiasi perguruan
> tinggi swasta jabar
> banten kamari2 keur pada huleng jentul nyaksian PTN
> nu muka sagala
> jurusan, cenah jatah msiswa anyar ka PTS jadi
> ngurangan. heuheu...
> 
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 
> 
> 
> 



       
____________________________________________________________________________________
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search 
that gives answers, not web links. 
http://mobile.yahoo.com/mobileweb/onesearch?refer=1ONXIC

Reply via email to