Leres pisan sakumaha anu dicarioskeun ku mang Jamal.
Aya pangalaman ti rerencangan kuring, dosen di
Departemen Ilmu Komunikasi FISIP UI, kaleresan janten
asesor PTN/PTS. Tina pangalaman di lapangan, cenah
Jurusan komunikasi anu pangsaena nya di UI. Unpad sok
sanaos tos janten fakultas, tapi ditingali tina sarana
sareng SDM anu bergelar S3, kirang sae. Aya hiji
Jurusan Komunikasi swasta anu sae, nyaeta  di Atmajaya
Yogya. Dina ngarencanakeun pengembangan SDMna
jempolan, prasarana oge hebring, ditambih deui ku
ayana bantuan dana langsung ti Vatikan, Italia, jigana
10 taun kapayun mah, tiasa janten Jurusan komunikasi
anu paling nyongcolang di Endonesia. Aya oge
Universitas Pelita Harapan (UPH) di Jakarta anu
didanaan ku LIPPOna Mochtar Riady, tapi ceuk batur
kuring mah, masih keneh eleh ku Atmajaya Yogya.

Perkara ITENAS, ceuk kuring mah, modal nu sae tah
pikeun pimajueun. Modal kapital mangrupa Gedong sareng
SDM, hiji hal anu penting pisan. kantun kumaha
ngarencanakeun pengembangan kapayun. Kantun kumaha
modal kapital anu aya didayagunakeun, sahingga
masyarakat percaya, yen sakola ITENAS teh bermutu.
Biasana para pemodal/pendonor, rela ngabantuan lamun
aya proposal nu jelas dina ngembangkeun paguron eta.
Ayeuna mah, tong pati miharep kocoran dana ti
pamarentah anu nuju "eungap", tapi kumaha carana
sangkan tiasa narik dana ti masyarakat. Anu
diperyogikeun ayeuna mah, nyaeta kumaha sangkan
dipercaya ku masyarakat, "trust" tea.

Waktos minggo kamari kuring pendak jeung pa Gumilar.
Anjeunna ngadongeng, ku kaayaan FISIP UI siga ayeuna,
waktos FISIP ngayakeun hiji acara, PT Preeport teu
sungkan ngucurkeun dana US $ 15.000 bari jeung teu aya
"implik-implik" nanaon, estuning ngan sakadar nyumbang
wae.

Jadi nu utama mah, kumaha caranna ngawangun "trust".


baktos,

mrachmatrawyani

--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>  
> 
> Eta mah tos teu aneh atuh kang. Ti jaman munding
> tiasa hiber oge di urang
> mah kitu. Hehe. Abde oge ari sakola mah di negeri,
> sanaos rada benten sareng
> hayam negeri oge pengadilan negeri. hihi



       
____________________________________________________________________________________
Take the Internet to Go: Yahoo!Go puts the Internet in your pocket: mail, news, 
photos & more. 
http://mobile.yahoo.com/go?refer=1GNXIC

Reply via email to