Upami teu lepat, rencana ieu teh asa tos lami, malah kantos ngariung di 
Tamansari. Mung panginten teu acan tiasa kalaksanakeun.
  Mugi rencana nu ayeuna mah langkung lancar.
   
  -ika-

MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Sugan we atuh kalaksanakeun, aya rarancang Dina bulan Desember 2007 
rek ngayakaeun acara "Legenda Buku Sunda" (ieu judul teh masih keneh tentatif), 
nyaeta rek pameran buku Sunda, eusina diantarana : mamerkeun buku basa Sunda, 
buku basa naon bae ngeunaan Sunda, ti mimiti pracitak nepi ka mangsa kiwari.
  Keur buku pracitak (naskah, bisa tina lontar atawa daluang atawa media lain), 
keur ngeuyeuban ieu rek aya samodel workshop nyieun daluang tina tangkal saeh, 
kaligrafi aksara Sunda (Kaganga), mangsi gentur, jeung paparbotanana nyieun 
daluang. Tempatna rek di gedong YPK nu di Jl. Naripan Bandung.
  Salian ti eta acara teh hayang dibeungharan ku buku buku basa Sunda indie 
jeung dokumentasi indie boh foto boh video/film anu aya pakaitna jeung Tatar 
Sunda.
  (Kamari kuring teh ulin ka Galeri Rumah Teh di Dago, Taman Budaya, ngadongdon 
Kang Tedi Permadi nu keur ngayakeun workshop kertas daluang tina tangkal saeh 
sakalian jeung workshop kaligrafi aksara Sunda, loba hasil karyana anu 
dipamerkeun).
  Kukituna ka baraya sadayana :
  1. Upami gaduh buku buku Sunda heubeul mugi kersa ngiring kana ieu kagiatan, 
bukuna tiasa dipamerkeun, kitu deui upami gaduh naskah kuna.
  2. Upami aya niat medalkeun buku Sunda karya nyalira ku nyalira boh sajak, 
carita, kumpulan carita pondok, atanapi kumpulan artikel, hayu urang sami sami 
dipamerkeun atanapi tiasa bae diical.
  3. Upami aya bakat ngadesain, manawi aya waktos mangga ngadesain jilid 
majalah basa Sunda anu rada futuristik, ieu ge sami urang pamerkeun.
  Ieu acara sanes murni mung pameran, tapi aya oge ngagelar icaleun buku buku 
Sunda, sawala, bedah buku sste. Mugi mugi we ieu paniatan tek laksana kalawan 
lancar, kaping sabarahana dina sasih Desember 2007, teu acan jinek, ieu mah 
wartos sakadar kanggo tatahar bae.
  Leres sim kuring teh rada resep ngagulang gaper buku Sunda, ari alesanana mah 
sederhana ku maca buku Sunda (boh buku basa Sunda boh basa naon bae ngeunaan 
Sunda) asa katulungan jadi nambih kanyaho kana Sunda, tapi resep maca buku 
Sunda teh kudu aya bukuna, tah salah sahijina ngalangkungan pameran buku Sunda 
ieu ngabuktikeun yen buku Sunda teh aya. Insya Alloh.
  Aeh enya basa sasih Juni ahir, sim kuring ngintun artikel ka Kompas Jabar, 
geuning dimuat dina ahir sasih Juli artikelna tiasa diaos didieu.
  http://www.kompas.com/kompas-cetak/0707/28/Jabar/24651.htm
   
  MSasmita
   
   
   
   
   
   
   
   
   
  

         

       
---------------------------------
Luggage? GPS? Comic books? 
Check out fitting  gifts for grads at Yahoo! Search.

Kirim email ke