Pirbados kantos ka Turki, persisna ka Antalya (Anatolia) ti ping 21 dugi ka 
ping 24 November 2006. Saptu, ping 25, wangsul tapi transit sadinten di 
Istanbul.
   
  Salami di Turki, anu kapendak ku pribados:
   
  
   Urang Turki tiasa miara basa aslina (basa Turki) sareng      budaya warisan 
karuhunna (kalebet titinggal kapurbakalaannana, henteu      diancurkeun teras 
digentos ku nu anyar). Basa Arab dianggo dina hal-hal kaagamaan.
   Urang Turki tetep ngagem Islam sanaos basa sareng budaya      lokalna 
dicepeng pageuh. Tiap anu ditaros ku pribados naon agamana,      pada ngawaler 
Islam. Teras masjid meni seueur pisan, katingalina langkung      seueur ti 
Endonesia.
   
      Jigana peran Mustafa Kemal ageung dina ngalanggengkeun budaya asli 
(muatan lokal) di Turki. Mangga diantos pedaran salajengna, bah.
  

Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Kemal 
Attaturk, lahir di Salonika, daerah bagian Yunani nu aya di wewengkon 
 Turki, di taun 1881.  Aran keur budak Kemal sabenerna MUSTAFA, aran Kemal 
 ditambahan ku guruna nu katarik ku kapinteran Mustafa. Di umur 20 taun 
 Mustafa Kemal asup sakola Militer Pamarentah. Mustafa pangpinterna dianatara 
 babaturanana, tapi manehna oge boga sifat "Dingin" jeung angkuh.
 
 Turki di jaman Mustafa keur ngora, geus lain deui Turki anu "perkasa", tapi 
 ukur mangrupakeun karajaan leutik , SATENGAH DIJAJAH ku kakuatan-kakuatan 
 asing. Turki sering disebut " Manusa Eropa nu keur sakarat". Sultan, saurang 
 TIRAN nu kakawasaanana geus rek PAREUM, hirup dilingkungan KAUM RADIKAL nu 
 hayang ngarobah Turki jadi nagara modern.
 
 Mustafa nu geus jadi perwira ditempatkeun di Damaskus (Suriah baheula asup 
 ka wewengkon Turki) di taun 1906. Didinya manehna ngahiji jeung perwira2 
 revolusioner sejenna, nu sok disebut "YOUNG TURK" (TURKI MUDA). "Young Turk" 
 akhirna ditaun 1908,  bisa NGAGULINGKEUN SULTAN, Sultan heubeul diganti ku 
 ALO SULTAN, nu sabenerna mah ukur boneka sabab pangawasa nu sabenerna mah 
 JENDRAL ENVER PASHA. Sikep Enver Pasha nu pro ka Jerman teu dipikaresep ku 
 Kemal. Omongna teh :" TURKI UKUR KEUR BANGSA TURKI"
 
 Enver Pasha kacida ambekna, Mustafa Kemal satengah diasingkeun, manehna 
 dikirim ka medan peperangan waktu Perang Dunya I ngajelegur. Di medan 
 peperangan ieu, Mustafa Kemal nunjukkeun kahebatanana, manehna BISA 
 NGELEHKEUN ANGKATAN LAUT INGGRIS. Waktu di Gallipoli manehna ngomong ka anak 
 buahna: " Lamun maraneh nempo kuring gugupay, pasang sangkur tuturkeun 
 kuring".
 
 Salila tilu bulan peperangan nu pinuh ku getih, akhirna resimen Inggris 
 nyerah jeung akhirna ngundurkeun diri.
 
 Mustafa Kemal jadi pahlawan keur bangsa Turki, pangkatna naek jadi Jenderal. 
 Elehna Jerman ku sekutu di taun 1918, nyababkeun Enver Pasha ragrag tina 
 kakawasaanana. Kemal sorangan nolak ngabubarkeun pasukanana. Di Anatolia 
 manehna barontak,  ngalawan Sultan oge INGGRIS nu ngawasa Konstantinopel 
 (Istambul).
 
 Mumusuhan Sultan jeung Kemal tambah gede. Sultan nepi ka mere hadiah ka saha 
 wae nu bisa maehan Kemal. Dina perang sadulur ieu, kadua-duana-boh Sultan 
 atawa Kemal, sarua telengesna : Ngagebugan, nyiksa jeung ngagantung 
 tawanan-tawanan anu beunang.
 
 Di taun 1920, Kemal ngadegkeun Majelis Nasional di Angkara. Kemal dilawan ku 
 sainganana kulantaran ku KATELENGESANANA, KABIASAAN NGINUM-NGINUM jeung 
 sikepna nu "ingkar" ti Agama Islam. Tapi kamasyuranana salaku pahlawan 
 nasional jeung patriot bangsa, Kemal akhirna kapilih jadi PRESIDEN di 
 pamarentahan tandingan Sultan.
 
 Kemal akhirna nyerebu Istambul (Konstantinopel) keur ngusir pasukan Inggris. 
 Inggris ngirim kakuatan militer ratusan rewu tantara nu asalna ti YUNANI 
 keur ngalawan Kemal. Pasukan Kemal panik jeung bubar mancawura. Kemal kacida 
 ambekna ka pasukanana. Manehna nitah nembak tantara-tantara nu kalalabur. 
 Kemal ngangkat diri jadi GENERALISIMO".  AkhirnaTantara Yunani eleh di taun 
 1922. Dihareupeun tawanan-tawanan Yunani manehna susumbar: " Tuan-tuan, 
 didieu maraneh kabeh bakal nempo kamajuan-kamajuan nu dijieun ku SATO AJAIB 
 ieu"
 
 Sato Ajaib teh Kemal sorangan, nu keur siap-siap jadi Diktaktor mutlak. 
 Inggris ngacir ti Turki. Kemal balik ka Angkara, manehna dianugrahan gelar 
 GHAZI (penakluk). Di konferensi Damai di Versailles Perancis, ku 
 kameunangan2 militerna, Turki akhirna dianggap "sobat" ku sekutu nu papada 
 sarua ditaklukeun ku Jerman. Sultan dipecat jeung Turki robah jadi Republik.
 
 [Disarikeun tina Buku : "Kisah Para Diktaktor, Biografi Politik Para 
 Penguasa Fasis, Komunis, Despotis dan Tiran", karangan Jules Archer, 1967]
 
 (Ke lamun keyeng disambung deui)
 
 Baktos,
 WALUYA
 
 
     
                       


Asep

       
---------------------------------
Pinpoint customers who are looking for what you sell. 

Kirim email ke